Damang kang Syam, na kamana wae atuh tos lami tara katingal.
Upami macaan keomna kang Syam abdi mah sok ngabarakatak nyalira........wiosnya.
 
 
nuhun,
lilies

syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> a écrit :
Baraya Kusnet saalam dunya, ieu mah etang-etang nyobian we ma'lum parantos bulukan bakating ku lami tara ngelol kadieu. Atuh salajengna bade ngawilujengkeun ka kang Iim, rehna tos jeneng janten kuncen #7 dpd Sumedang. Moal hariwang ayeuna mah mun milis kameumeut ieu aya nu ngabom, pasti kuncen#7 pangpayuna, kunyam kunyem sakedik, bomna mulang deui kanu ngirimna. Jelegur bitu ! Ahli bahan peledak dilawan...hehe.
 
Nguliwed sakedap ka kang Dani, sae kang cariosna mangga teraskeun, enya pami ningal cai anu ngagolontor ngagenyas herang sok manglebarkeun.
 
Punten, ieu mah etang-etang ngareuah-reuah, cariosna di gurawilkeun sakedik sapertos kieu geura :
"Meuni lami lami teuing mandi teh kang....teras ngaguher kitu didinya!!!" nyi Keuis satengah ngagorowok
"Lain nyi....., akang teh keur neangan nu leungit yeuh...!"
"Neangan naon kang ?"
"Keur neangan tutup bak, ieu cai lebar ngocor wae ,tapi weleh teu kapanggih, untung akang boga akal, geura yap kadieu da teu dikonci !" ceuk Dudun bari nagen salila-lila dihareupeun bak mandi, enya we saprak Dudun nagen didinya, teu sakara kara kokocoran bak anu sagede songsong teh saat. Bakating kupanasaran nyi Keuis reket mukakeun panto kamar mandi, sulusup asup, ari breh teh.
" Heuheuy deudeuh ituh kang Dudun, sanes lebar  ku caina abdi mah kang, tapi lebar ku cocokna, apanan cocok eta mah kanggo nyocokan kokocoran nu abdi sanes ?!" ceuk nyi Keuis  bari meumpeun carang.
" Hus...tong sambarangan ngomong bisi ngadengeeun ku lebe !" tembal Dudun bari ngarawel anduk tina kastop, atuh golontor  kokocoran bak anu sagede songsong teh ngocor deui.
" Hiihhh.... apal ayeuna mah geuning !" nyi Keuis ngabirigidig.
" Apal naonana ?" Dudun teu ngartieun
" Eta kang... Songsong...hiiihhhhhh !" nyi Keuis ngabirigidig deui.
 
Tos ah kang Dani, ulah diteraskeun bilih dipolototan ku kuncens ! marangga kasadanya nyempod deui ah!
SR

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Appel audio GRATUIT partout dans le monde avec le nouveau Yahoo! Messenger
Téléchargez le ici !

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke