Ninggali kana mataholang pasualan, ku sim abdi diringkes janten tilu masalah ;
1. Team web kusnet.
    Memang moal ka tanagaan upami digarap ku saurang-dua urang mah, janten kedah di
    damel team anu ngokolakeun eta web site.
2. Ngayakeun jaringan usaha On-Line/Off-Line, anu sabagian tina kauntungan kanggo 
    ngabiayaan web-site.
3. Biaya kanggo Web-Site.
    Upami hal anu nomer dua parantos laksana/jalan, biaya kanggo web-site moal janten
    masalah....., mung baeeeeeee ..........ngadamel jaringan usaha on-line/off-line moal 
    kalaksanakeun tereh-tereh...., sedengkeun biaya kanggo nambih kapasitas web site
    urang-sunda.or.id teh parantos sakitu ngadesekna.  
 
Janten ..... masalah anu kacida pisan ngadesekna, teu aya sanes milarian biaya kanggo nambih kapasitas web site urang-sunda.or.id
Aya anu kagungan emutan/ideu/bongbolongan......???
 
Pihatur
ssw
     
Eko Ruska Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr. wb.
Neraskeun jejer "nyuhunkeun bongbolongan" tea, teras seueur usulan
saena mah aya pasamoan/kempel. Mangga atuh hayu jeung iraha jeung
dimana ?
Ieu mah supados teu ngagantung jeung puguh aya kaputusan anu pasti.
Ari agenda ti kuring mah teu jauh tinu kamari :
1. Nyarioskeun/ngabentuk team kanggo ngaropea web kusnet->urang-sunda.or.id
2. Nyarioskeun kanggo mayarna
3. Nyarioskeun usaha boh online/didarat
4. Mangga tambihan ti baraya jakarta,bandung,bogor,tangerang jeung
kota/nagara lainna
5. .............
Pollingna :
1. Ngadukung - Jeung rek datang ka pasamoan
   1. Eko Ruska Nugraha
2. Ngadukung - Tapi teui tiasa sumping
3. Teu ngadukung
4. Duka ah lieur
Mangga baraya diantos sumbang suarana kanggo polling ieu, teu hilap
kuring nyuhunkeun tulung ka kang kumincir, kang  gunawan, kang iim
bilih kuring malaweung pang ngadatakeun upami aya baraya nu ngalebetan
polling ieu.
Saena nganggo alesan kunaon ngandukung no hiji, no dua.........
Sakitu heula
Wassalam
@ERN




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke