Kitu...! tapi tangtos aya nami tina basa jawi, mung si ipeut can terang...! ke wae bade di taoskeun ka tukang Jamu....Tuh sugan nyambung toko jamu sareng toko obat china.
Dupi kang Dess teh Kangg Denyy..? sami atuh nepangkeun..
 
ipeut

Deny Suwarja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Upami teu aya dipasar, naroskeun takokak mah. Cobian ka Toko Obat China namina Solanum torvum tangtos margi sok didamel obat kanggo kencing manis!
Upami cecendet/cecenet mah taroskeun bahasa ilmiahna Physalis angulata L
Ke urang milari tangkalna da aya di pipir rorompok asana mah!
Nepangkeun abdi mah urang Batujajar Bandung!
 
Dess

indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
he he...aya kitu urang jawi..? mangga taroskeun.....piraku namina, tak...Cokot...he he

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Upami pasar dikampung mah sok aya.....
duka pasar dikota mah......, sareng deui diwetan mah tangtos nami oge sanes takokak...
duka naon.... ke dikantor urang taroskeun ka urang Jawa Timur...
 
ssw

indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Can kabayang buah takokak teh...! nyaan kang Sidik...si teteh teu apal, di pasar sok aya kitu..? ke atuh ah..upami ka pasar bade meser buah takokak, komo raos kanggo lalab mah si teteh ge resep lalaban.

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Takokak mah lebet kana sabangsa sayuran.....
tangkalna ; siga tangkal terong, namung langkung ageung langkung jangkung....
buahna ; siga buah terong buleud, ageungna saageung tungtung jempol....warna hejo,
rasana : siga buah terong, dicoel sambel...
raosna : dikulub atanapi diseupan... dicoelkeun kana sambel tarasi lada,
tiasa oge buah takokak anu tos dikulub disambel, bumbuna mah biasa bae, cengek, uyah,
gula beureum, cikur, tarasian sakedik....................hemmmmmm...
janten ngaruuuuyyyy... yeuh.
 
ssw 

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke