Assalamualaikum Wr. Wb. Kumaha damang baraya sadayana anu disuklakna disiklukna, di kulon, wetan, kaler jeung kidul, anu dipojok kitu deui anu nuju mojok??? heu…heu….
Ieu teh seja bade ngabewarakeun tur ngalaporkeun hasil kempelan di Jakarta dinten kemis bada magrib ping 18 Agustus 2005 di rorompokna Kang Maman Gantra anu agendana teh ngabahas perkawis KUSnet usaha/bisnis. Anu tiasa ngahdiran dina eta kempelan teh nyaeta Kang Maman Gantra, Kang Agus Pakusarakan, Kang Irfan Rispandi, Kang Nanang Ndoell, Simkuring nyalira (Runa tea). Kempelan diayakuen teh dina raraga neraskeun hasil gunem catur di Subang ping 14 Agustus 2005 anu salah saijina ngabahas perkawis KUSnet ngadegkeun usaha/bisnis. Aya sababaraha tujuan kunaon KUSnet ngadegkeun usaha, nyaeta anu utamina mah dina raraga hoyong sasarengan sami2 ningkatkeun tingkat ekonomi urang sunda, kanggo ngabiayaan kagiatan2 / program2 ka-KUSnet-an, eta dua tujuan intina mah. Teras naon wae cenah modal anu dipibanda ku KUSnet teh anu tiasa dijadikeun modal dasar dina ngawangun bisnis, nyaeta : 1. Potensi sumberdaya manusia-na anu beda-beda latar belakangna (naon sunda na tah) pendidikanana, kahlianana, sareng jaringan (networking) anu tos kawangun. 2. Potensi sumberdaya alam-na berlimpah (sundana naonnya). 3. Paniatan anu ngagedur hayang ngawangun KUSnet anu langkung produktif dina ngamumule tur ningkatkeun harkat, martabat, sareng budaya kasundaan. Aya sababaraha alternatif bidang usaha anu direncanakuen teh nyaeta : 1. Bisnis pulsa 2. Suku cadang motor/kendaraan 3. Teknologi informasi (Radio internet, bisnis on line, warnet, consultan IT, jrd) 4. Informasi 5. Wisata anu dikolaborasikeun sareng pendidikan+bisnis 6. Home industri 7. Agribisnis Aya sababaraha alternatif bentuk badan hukum usahana, nyaeta : 1. Ngangge badan hukum usaha anu tos aya. Badan usaha anu tos siap teh nyaeta CV. Motekar, PT. Reksa Gumilang Kencana, atanapi Yayasan Perceka. 2. Ngadamel badan hukum usaha anu enggal (Mangga kabaraya sadayana anu ngagaduhan ide). Tah ieu baraya sadayana urang sunda di mana wae ayana. Kanggo palawargi sadayana boh bilih diantawis bara aya anu ngagaduhan : 1. Ide Konsep bisnis/usaha anu tos janten dina bentuk proposal bisnis tiasa dialungkeun tur ditangkodkeun ka email simkuring di [EMAIL PROTECTED] 2. Bilih diantawis baraya urang sunda sadayana anu hoyong ngiringan dina usaha KUSnet anu bentuk partisipasina dina hal nanamkeun modal / investasi, mangga diantos pisan. Kanggo perkawis ieu sumangga baraya tiasa ngahubungi ka tim divisi usaha KUSnet anu salajengna disebat ”Dewan Ekonomi Sunda”. Pikeun ngametakeun potensi SDM KUSnet Dewan Ekonomi Sunda bade masihan Kuesioner anu kedah dieusian ku baraya sadayana. Format Kuesionerna sapertos kieu : Nami : Yuswa : Padamelan/Jabatan : Alamat rorompok : Alamat kantor : No. Tlp. Kantor/rorompok : HP : Email : ID Yahoo Messenger : Background Pendidikan (naon tah basa sunda) : Kaahlian khusus/keterampilan : Bahasa asing anu tiasa : Home Page / Blog : Kuesioner ieu mangga dieusian teras alungkeun wae ka serelek simkuring di [EMAIL PROTECTED] Teras ka kuncen nyuhunkeun bantosanana, kumaha upami kuesioner ieu tiasa di serat dina ”footer” millis ieu. Kana bantosanan hatur nuhun pisan. Ari anu disebat ”Dewan Ekonomi Sunda” jamlina teh nyaeta : 1. Kang Irfan Rispandi ([EMAIL PROTECTED]) 2. Kang Maman Gantra ([EMAIL PROTECTED]) 3. Kang Agus Pakusarakan ([EMAIL PROTECTED]) 4. Kang Tantan Hermansah ([EMAIL PROTECTED]) 5. Kang Boim ([EMAIL PROTECTED]) 6. Neng Ivawanti ([EMAIL PROTECTED]) 7. Teh Neni Bandung 8. Kang Oman ([EMAIL PROTECTED]) 9. Kang Nanang ([EMAIL PROTECTED]) 10. Simkuring Runa Inawan ([EMAIL PROTECTED]) Kanggo ngabahas KUSnet Usaha salajengna bade diayakeun deui kempelan nyaeta : Dinten/Kaping : Sabtu, 27 Agustus 2005 Tabuh : 10.00 WIBK (Waktos Indonesia Beulah Kulon) Tempatna : Bogor (Kanggo samentawis di Hanjuang Bodas) Agendana bahasanana : 1. Ngabahas sistem manajemen usahana kaitanana sareng KUSnet. 2. Kumaha ngokolakeun ramatloka (web site) www.urang-sunda.or.id supados langkung produktif, karawat, tur munel sareng tiasa janten salah saiji web site anu tiasa janten referensi dina budaya kasundaan. 3. Ngonsep KUSnet Siaran di Radio-radio. Sumangga kanggo anu aya perhatosan kana KUSnet/Kasundaan diantos kasumpinganana. Dina sajeroning padungdengan aya sababaraha catetan anu intinamah kumaha KUSnet kapayuna, kumaha KUSnet kedah lumaku. Diantawisna ditingali tina struktur ka-organisasian KUSnet nya eta kieu : 1. Pembina/Penasehat 2. Ketua Umum 3. Sekretaris Jenderal 4. Bendahara 5. Dewan KUSnet : a. Dewan Ekonomi Sunda b. Dewan Komunikasi Sareng Informasi Sunda (Teknologi Informasi sareng Media Massa) c. Dewan Budaya Sareng Adat Sunda d. Dewan Hukum Sareng Advokasi Sunda e. Dewan Sosial Kemasyarakatan Sunda Intinamah kumaha supados KUSnet teh langkung terorganisir sareng mantep dina raraga ngamajengkeun kasundaan. NB : Sareng panginten urang ayeuna mah KUSnet tos waktosna kanggo ngagaduhan VISI sareng MISIna organisasina, sanaos cenah KUSnet mah organisasi teu aya bentukna. Tah kumargi kitu hayu KUSnet teh ayeuna mah dibentuk langkung serius supados aya bentukna. Saur kang MH mah cenah kieu "Hayu bentuk Pasukan darat KUSnet". Punten pisan ieu mah sanes nitah tp miwarang ieu mah,he...he...kanggo KUNCEN nyuhunkeun bantosanana kanggo mostingkeun ieu seratan ka sadayana anggota millis [EMAIL PROTECTED] Sakitu anu kapihatur, kirang langkungna nyuhukeun dhapunten , bilih aya anu kirang mangga kanu hadir di rorompokna kang maman gantra kanggo nambihan. "HAYU URANG SASARENGAN DINA NGAWANGUN URANG SUNDA (EKONOMINA, POLITIKNA, PENDIDIKANANA, BUDAYANA, SOSIALNA, JRD) Wassalamualikum Wr. Wb. Baktos ti Pribados, Runa Inawan - KUSnet __________________________________________________ Apakah Anda Yahoo!? Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam http://id.mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hmm01m9/M=320369.6903865.7846595.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1124650465/A=2896110/R=0/SIG=1107idj9u/*http://www.thanksandgiving.com ">Help save the life of a child. Support St. Jude Children�s Research Hospital</a>.</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/