sistematis anu sapertos kumaha tah, aya teu baraya anu ngagaduhan konsepna anu sistematis tur hade?
 
Ari saur simkuring mah, kedah na salah saijina kieu:
1. Satekah polah dimana wae urang ayana, upamana panggih jeung papada urang sunda jeung nu bisa basa sunda, kedah nyarios sunda.
2. Anu awalna mah kedah ditanamkeun ti mimiti lingkungan keluarga urang heula.
 
Cag,
Baktos
Runa iNawan tea

 

Nu diajar basa Inggris, Arab, atawa basa sejen mah kajurung ku perlu. Najan lingkungan teu ngadukung ge, teu weleh diihtiaran. Mun perlu mah dibeuli. Ari basa Sunda, kapan nu make teh teu kajurung ku perlu (nu rek gawe di nagara Sunda teu kudu bisa basa Sunda, cukup ku basa Indonesia). Jadi, mun di lingkunganana geus arang nu make basa Sunda, nya munasabah mun barudak hese ngalenyepan basa Sunda.

Coba bae bayangkeun, mun kolot & lingkungan urang kurang ngajarkeun basa Sunda ka urang, tangtu kamaheran basa Sunda urang bakal sahandapeun kolot urang. Urang, nu kamaheran basana leuwih handap teh, tangtu moal bisa ngajarkeun basa Sunda ka turunan urang kalawan hade. Ku sabab kitu, kamaheran basa Sunda anak urang bakal leuwih handap. Sagenerasi, dua generasi, tilu generasi ka hareup basa Sunda teh bener bae kaancam lastari. Pikeun nyegah hal ieu, kudu aya tarekah nu sistimatis nu hade, sangkan basa Sunda tetep dipake ku urang Sunda.

Minggu2 ieu, sababaraha kali kuring maca artikel koran ngeunaan padungdengan "megapolitan Jadebotabek" di lingkungan pemda DKI. Sutiyoso sumanget pisan nyarita ngeunaan pentingna wewengkon ieu dikokolakeun ku hiji manajemen. Eh, bet los2 ka dinya. Permios ah...

jk


Apakah Anda Yahoo!?
Sekarang dengan penyimpanan 1GB
http://id.mail.yahoo.com/


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke