Wa'alaikumsalam, Hatur nuhun ku pedaranna anu langkung2 ti lengkep, sareng hapunten nembe tiasa maos ayeuna, margi kamari2 mah biasa we kukurilingan ka bandung oge ka garut..
Sareng hapuntenna ka pa dr. lepat Sp-na, da abi kantos maca dina panto klinik al islam, waktos jajap pun lanceuk nu bade parios kakandunganana.. aya jadwal senam hamil asanamah taun 2004, nu ngeusi materina salasawiosna pa dr. dadang ngeunaan tulang orok.. mung abi hilap deui Sp kadituna, da nu emutna mah O na we da Orthopaedi tea panginten nya.. Pami sok cararangkeul tulang tonggong kunaon tah? Komo pami tos mangjam-jam calik, da panginten nu utamina mah pedah calikna we teu ajeg, sareng osok oge panas tonggong tos kitu teh (jiga kang Deny Suwarja, nya kang Den nya!).. Oge pami diderekdekkeun tonggong dugi ka disada kumaha tah? oge ngajetrekkeun ramo-ramo panangan atanapi sampean, naha kenging atanapi awon?? Da ari tos cangkeul mah komo nu biasa dijetrekkeun atawa diderekdekkeun tonggongna, pasti we kedah wae... Sareng pami dipeuseul kumaha? Oge pami direfleksi? (wios teu nyambung oge nu ieu mah) ~ipup~ --- In [email protected], dadang rukanta <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalamu'alaikum. > Daramang sakumna baraya di babakan US, abdi alhamdulilah aya hibar > pangdu'a ti sadaya. Nyumponan pamundut ti teh mpup, oge ngaguar > kapanasaran nu sanesna ngeunaan tumuwuhna tulang urang, tiasa > kasanggakeun pedaran singget sakumaha dicutau dihandap ieu : > Tumuwuhna Tulang, -------------------------------------diteukteuk---------------------- > Cag sakitu heula... > Puntn teh mpup nu leres SpOT (spesialis Orthopaedi dan Traumatologi, > atanapi SpBO, spesialis Bedah Orthopaedi). Oge peryogi kauninga ku > barauya US sadayana profesi SpBO kadang di masarakat sok seu eur > lepat hartos kumargi kalebet profesi enggal (Sa-Ind. nembe aya 240 > jalmi), mung saukur panjangkeun tulang, Saleresna widang orthopaedi > teh kacida luasna, tingawitan cacat bawa lahir, infeksi, kacilakaan, > proses tumuwuhna jeung proses degeneratif oge kanker, tina tulang, > sandi, urat jeung saraf. Naha ku jalan landong, atanapi operasi oge > usaha-usaha pencegahan. Janten widang orthopaedi tiasa ngalandongan > ku jalan kimiawi atanapi operasi (nyambungkeun tulang, saraf jeung > urat getih, oge ngaropea cacat supaya fungsina sampurna jeung > ngadeukutan wentuk aslina, dan moal bisa nyaruaan buatan gusti mah > nya :-). > Hatur nuhun... ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today! http://us.click.yahoo.com/O4u7KD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

