Hoyong nambihan sakedik, soal kecap Pahlawan kanggo urang Indonesia nu barontak di awal abad ka 20 atawa samemehna. Pahlawan saleresna mah "diciptakeun" keur ngahudangkeun rasa patriotisme bangsa. Ngan kadang-kadang kaleuleuwihi. Nu pantes disebat Pahlawan Indonesia mah ti mimiti faham Nasinalisme aya (jadi saentasna sumpah pemuda 1928) jadi teu kudu nyokot tinu baheula, da meureun aranjeunna oge henteu terangeun naon ari Indonesia teh. Aranjeunna barontak nya keur kapentingan lokal aranjeunna, lain keur Indonesia.
Nu Kaduana julukan pahlawan teh relatif. Kuring mere conto Marah Rusli dina novel "Siti Nurbaya", nu boga lalakon teh SamsulHadi (punten lamun namina lepat) kabogoh Siti Nurbaya. Siti Nurbaya dipaksa kawin ka Datuk Maringgih, aki-aki kolot beberenjen. Samsulhadi lumpat ka Jawa, jadi tentara kolonial di Cimahi ( Cimahi baheula puseurna tantara Hindia Walanda, KNIL). Datuk Maringgih jeung baladna nyieun kaributan/karusuhan, nepika pamarentah (Hindia Walanda) ngirim pasukan kaasup samsulHadi. Pemborantakan Datuk Maringgih bisa ditumpes ku Samsulhadi jeung batur-baturna. Tah lamun ceuk kacamata ayeuna mah, nu pahlawan teh kuduna Datuk Maringgih nya? da "barontak" ........... Baktos, WALUYA > Tah numatak eta, di Sunda mah, teu aya perang rongkah anu taunan sapertos >> Perang Padri, Perang Teuku Umar - Cut Nya Dien, Perang Pattimura sareng >> perang Diponegoro dina ngalawan Walanda, ku margi urang sunda mah tiasa >> "dilumpuhkeun" ku budaya na sorangan (Van der flas). Sok saha geura >> inohong >> Sunda anu ngalawan Walanda dina entragan eta? >> Geuning inohong Sunda jaman harita mah kalahkah nyobat sareng Walanda >> teh, batur mah toh-tohan, dug hulu peut nyawa berjuang ngalawan >> penjajah, >> ieu mah kalahkan nyobat! >> > > Dina makalah hasil panalungtikan Sobana Harjasaputra ngeunaan bupati2 di > Priangan (baca buku seri Sundalana ka... hilap deui, judul jilidna "Bupati > di Priangan"), ku urang bisa kabaca hal nu di antarana jadi sabab > saeutikna > konflik frontal (baruntak) antara urang Sunda jeung Pamarentah > Jajahan/Kompeni. Ku pinterna Walanda, para pamingpin/menak Sunda teh > dijadikeun pamingpin pikeun rahayat Sunda, teu ieuh langsung ngajajah > rahayat Sunda. Ari masarakat tradisional urang mah pan geuning condong ka > kumawula ka nu kawasa, nya kari cepeng bae "nu kawasa"na, rahayat mah > nyaho > nurut bae. Kitu meureun intina mah. Antara para menak/pamingpin di tatar > Sunda jeung Walanda teh aya simbiosis: kakawasaan lokal dijenengkeun ku > Walanda, rahayat kumawula ka nu ngawasa. > > jk > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today! http://us.click.yahoo.com/O4u7KD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

