Minggu kamari kuring teh ngabantuan rerencangan (urang Jawa) anu nikahkeun putrana. teu ku hanteu, ngobrol ngaler-ngidul sareng saderekna anu gaduh pangalaman lami di widang birokrasi pamarentahan. Waktos ditaros asal kuring ti Majalengka, atuh anjeunna teh mani pogot nyarios, cenah di wewengkon Majalengka teh bade dibangun Bandar udara, anu aya di tilu wewengkon kacamatan. Luasna teh aya kana 3000 hektar. Malihan mah ayeuna oge tos diayakeun "pembebasan tanah", saur manehna teh deui. Tapi obrolan kapegat ku para kadongkapan para tamu ondangan. janten informasina teu patos lengkap.
Ras inget padungdengan di KUSnet sawatara kalangkung, cenah bade dibangun jalan tol ti Bandung ka Cirebon, ngalangkungan wewengkon Majalengka. Boa-boa pembangunan ieu teh aya hubunganana sareng Bandara anu bade di bangun di Majalengka. Ku kituna kuring meredih ka Teh Ika Mardiah, nyuhunkeun "dibocorkeun" di KUSnet ieu, naha leres aya rencana pembangunan Bandara eta teh. Kumaha saleresna "cetak biru" pembangunan eta teh. Kuring gaduh sawangan, hoyong ngiring ngabantu nyosialisasikeun hal ieu pieun masyarakat Majalengka, utamina mah kanggo ngaronjatkeun perekonomian sareng kasejahteraan masyarakat. Ieu oge panginten PR pikeun DES (Dewan Ekonomi Sunda) anu digagas ku Kang Runa. Pembangunan bandara ieu, aya dampak anu ageung pikeun masyarakat Majalengka. Upami teu tatan-tatan ti ayeuna, tiasa ngabalukarkeun hal anu negatif. Hatur nuhun kana perhatosan teh Ika Mardiah. baktosna, mrachmatrawyani __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery. http://us.click.yahoo.com/X3SVTD/izNLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

