Abdi
mh, ngadangu perkawis ieu teh, ti adi ipar, kaleresan anjeuna teh pegawai bapeda
majalengka.
cenah
mah kapayun teh bakal di wangun oge pami teu lepat mah mall, ruko2 sareng
perumahan2 di daerah majalengka teh, duka sabab rek aya lanud tea, duka memang
eta mah rencana terpisah..tapi tos aya cenah anu bade invest di widang
pabrik..hilap pabrik naon2na mah...
Kabayang nyaa, tanah/rumah di majalengka
kuayeunakeun mah masih trgolong standar kangge ukuran kota alit, ke mah
panginten pami lanudna sukses,......
Nya
sok..pribumi anu gaduh modal geura invest ulah eleh ku bangsa deungeun nu biasa
boga usaha gede...
terakhir ameng ka tasik, sup ka tempat ngabaso , nu
gaduh...deungeun2, sup ka tempat ngaput baju ( gaduh bahan muslim 3 stell ), nu
gaduh deungeun2, sup ka fuji film+accessories lengkep, nu gaduh deungeun deui
wae... naa teh,mana urang sunda nu aslina... duka ketang pami eta mung kaleresan
wungkul mah... hehe punten nya sanes rasialis ieu mah, mung asa teh, di lembur
sunda sorangan tapi anu usahana gede teh sakatingal abdi
deungeun2....
Punten
ngacapruk..
Nia
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of Firkan Maulana
Sent: Monday, September 12, 2005 2:02 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Bandara Majalengka kaganggu manuk hiberAssalamu'alaikum wr.wb.
Sateuacana sim kuring bade nepangkeun heula. Wasta, Firkan Maulana Surakusumah. Pituin urang Bandung. Nembe lebet anggota milis ieu dinten Sabtu kamari. Padamelan ayeuna janten konsultan perencanaan wilayah dan kota sareng antropologi.Perkawis Bandara Majalengka nu diobrolkeun ku Kang Rahmat, leres pisan yen di Majalengka teh bade dibangun Bandara nu maksadna kanggo ngarojong perekeonomian wilayah Ciayumajakunig (Cirebon, Indramayu, Majalengka jeung Kuningan). Eta pangwangunan bandara teh bakal ngahiji sapaket sareng pangwangunan jalan tol Cisumdawu (Cileunyi-Sumedang-Dawuang). Salajengna pelabuhan laut di Cirebon oge bakal diwangun. Matakna dina bulan Agustus kamari Pamarentah Propinsi Jawa Barat ngadamel acara Jabar Infrastruktur Summit. Maksad acara eta teh kanggo ngajak kerjasama investor swasta ti dalam atawa luar negeri jang ngawangun bandara, pelabuhan laut jeung jalan tol.Kaleresan aya rencangan sim kuring anu nuju ngadamel penelitian AMDAL Bandara Majalengka. Mung dugi ayeuna penelitian eta teu acan dijalankeun. Aya oge penelitian nu tos dijalankeun perkawis "Pola Pergerakan Burung-Burung di Daerah Majalengka." Penelitian ieu penting sabab kapal terbang teh sok kaganggu ku manuk-manuk nu hiber. Saur penelitian eta, daerah calon Bandara Majalengka eta teh janten "perlintasan" manuk-manuk anu hiber ti Australia ka Asia.Panginten kitu bae bewara ti sim kuring. Hatur nuhun.Cag,Firkan MaulanaSend instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

