Haturan baraya...,
sok sanajan rada leuir da poe kamari jaringan rada ngadat jadi karek kabaca anyeuna...
kanggo neng Tizzy wilujeng milangkala mugia jantten putri anu sholehah, sehat, parek rizkina kalayan tiasa babakti ka ibu ramana...amin.
deuh...maca sajak MJ sok ras ka diri sorangan anu geus 6 tahun jadi bapa ti dua bati (nu kahiji awewe 6 thn, nu kadua lalaki 2 thn 2 bulan), rumasa can bisa mere jeung nyugemakeun maranehna boh dina ngatik jeung ngadidikna rumasa masih loba kakurangan.
hampura anaking rumasa bapa can bisa nyugemakeun aranjeun jeung indung anjeun, ngan ukur bisa ngadoa sangkan aranjeun aya dina katengtreman lahir jeung bathin....(geus ah..jadi sedih kieu...).

Cag...ah, nuhun.

"kujangs"


On 9/15/05, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wilujeng Milangkala ka neng Tizzy...
mugi sing janten jalmi anu Taqwa ka Pangeranna, bakti ka iu ramana, nyaah kapada kaula,
Amiinnn.. ya roobbal alamiinnn...
 
ssw
poe ieu
anaking-jimat-awaking milangkala
nu kadua.
panceg.
dua taun kuring jadi bapa.

deudeuh,
hampura mun kuring ngan ukur jadi babapaan
sabab rumasa teu kungsi diajar jadi bapa
ngan nempo aki anjeun ngurus kuring
ngan boga kacinta kaanjeun
nu ceuk kuring bakal jadi modal
miara ngagedekeun anjeun
sabisana

geus dua taun meunang pancen ti Nu Kawasa
gimir minuhan hate,
salempang kamelang salaput hulu,
sabab rumasa teu walakaya

Nuhun Gusti
pancen Anjeun baris ditedunan sabisana
jadi bapana tiziana minerva

du'akeun bapa, neng
sangkan bapa teu salah
ngatik
ngadidik
mikanyaah anjeun

(bapa nu salawasna melang
di pagawean,)

itenas, bandung 15 september 2005
mj



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke