assalamu'alaikum warahmatullah wb.
sakumaha anu tos jentre kahartos ti ki kuncen.. nya abdi bade nepangkeun salaku seke seler ki sunda anu aya di banten... (da banten oge sunda sanes?)
abdi wasta: d.s. wahyudin, ayeuna nuju kuli di purwakarta.
kawit ti banten kidul. aya nu terang bayah? tah eta t4 lahir sim kuring.
tos lulus ti ipb taun 1998, abdi langsung damel di jawa timur (jember).
tah, nembe taun 2003 abdi tiasa wangsul deui ka tatar sunda, nyaeta purwakarta. dugi ka ayeuna.
isteri ge abdi mah urang madura... sarakanana prabu baladewa, saur si cepot mah. tapi pami putra mah asli sunda, da ayeuna teh aya di purwakarta.
kitu wae panginten saheulaanan anu kahatur...
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to