hatur nuhun kang waluya.. leres aya tanjung layar endah pisan..
enya.. kapungkur basa abdi nuju SMP, pun bapa teh petugas perhutani anu 
wilayahna kalebet sawarna. abdi taun 1988 ka sawarna teh (dugi ka ayeuna 
tacan kaditu deui, hebat). masih nitih lamping lungkawing, mapay-mapay jalan 
satapak di leuweung ganggong gunung kembang. harita teh nuju aya penebangan. 
kaleresan abdi gaduh baraya di sawarna.
waas pisan, sakulawarga (pun biang, pun bapa sareng rayi duaan anu masih 
esde) abdi nyukcruk galur.  nyabrang heula nganggo parahu. pas anjog ka 
sabrang teh dipapag ku bangsa monyet mangratus-ratus. rada hemar-hemir oge 
awalna mah.. da cenah sok aya mandahna. horeng teh monyet nyingray basa abdi 
mimiti ngalengkah. kitu deui lutung, surili jeung oa mah.. marelong tina 
sela-sela dahan kayu anu jarangkung.  subhanallah.
tapi hal eta teh ayeuna mah jigana tos moal aya nya kang? abdi teu terang 
kumaha kaayaan eta wewengkon ayeuna. mung abdi sering maos dina koran-koran 
ibukota ngeunaan laporan trip ka sawarna anu prospektif pikeun tourism.
mugia wae dina hiji waktos sing janten sentra wisata anu henteu mudharat 
(tapi). margi banten kidul teh ropeaeun keneh.  lemahna insfrastruktur 
ngajantenkeun ieu wewengkon teh "pertumbuhan" ekonomina kalebet boyot.
sakitu heula..


----- Original Message ----- 
From: "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Sent: Wednesday, 28 September, 2005 09:21
Subject: [Urang Sunda] Re: nepangkeun..


> >--- In urangsunda@yahoogroups.com, "dudin supti" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>> assalamu'alaikum warahmatullah wb.
>> sakumaha anu tos jentre kahartos ti ki kuncen.. nya abdi bade
>> nepangkeun salaku seke seler ki sunda anu aya di banten... (da
>> banten oge sunda sanes?)
>> abdi wasta: d.s. wahyudin, ayeuna nuju kuli di purwakarta.
>> kawit ti banten kidul. aya nu terang bayah? tah eta t4 lahir sim
>> kuring.
>
> Haturan Kang Dudin, mangga geura ramekeun ieu lembur. Geuningan urang
> Bayah Kang Dudin teh. Bulan-bulan kamari kuring bulak-balik ka Bayah.
> Resep lah Bayah teh endah. Komo upami ningali pamandangan ka laut ti
> jalan nu nuju desa Sawarna, pas di leuweung jati. Basisir bayah jeung
> laut, natrat katingal. Tanjung Layar katingali lapat-lapat. Di desa
> Sawarna kuring meuli oleh-oleh sale pisang, sararae pisan, 10 rebueun
> teh mani satumpuk. Hanjakalna teh jalanna awon jeung alit, tapi kamari
> nuju diomean. Padahal seueur turis asing nu ngadon surfing di Tanjung
> Layar. Jigana teh kahareup mah, Bayah, utamina mah Desa Sawarna, bakal
> rame kunu wisata, sabab basisirna endah, teu eleh jeung tempat sejen.
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
> 





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today!
http://us.click.yahoo.com/O4u7KD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke