[Sateuacanna punten basa kuring mah kasar...lamun ngambek jeung ngobrol teh hese dibedakeun.. he he... tapi ieu mah lain keur ngambek siga....(saha coba..?)]
 
Lamun ceuk kuring, mingeus tong raribut perkara nukitu...nu enggeus mah enggeus we...
lamun dibahas wae moal aya tung tung na... anger we ngaributkeun paisan kosong
pikiran we kumasing masing lamun posting anu kitu pantes henteu...?
ceuk kuring mah... loba keneh hal lain anu positif anu bisa diposting jeung didiskusikeun... sangkan nambahan pangaweruh (eh kang dudin bener ieu bahasana kuring...?)
 
kapan geus jentre dina aturan mlis nomor lima:
 
Aturan Milis  Komunitas Urang Sunda di Internet [KUSNet]

5.      Teu kaci nulis nu jorok/porno/jorang.

 

cag ah..

 

Salam,

Asep Subandi

(anu bahasana rada garihal)

 
 
----- Original Message -----
From: "dudin supti" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Sent: Thursday, 29 September, 2005 13:53
Subject: Re: [Urang Sunda] (Kuncen) kanggo panganten (STOP)

> punten.. Kuring URANG BANTEN KIDUL...!
> tapi salila Kuring di BANTEN KIDUL (lahir tug nepi ka sagede kieu) teu
> ngalaman teu sing ngadenge SAWER PANGANTEN MODEL KITU!
>
> Kaleresan.. pun nini, pun biang, pun bibi, pun paman tukang "ngome" UPACARA
> ADAT PANGANTEN DI Banten Kidul. Pun biang, pun bibi tukang sawer (baheula)..
> CAN SAKALI-KALI ACAN KADENGE AYA SAWER SAMODEL KITU!!  Duka teuing ayeuna..
> Tapi piraku.?!!
> Banten kidul memang togmol, tapi togmol teh lain vulgar.. komo di sababaraha
> tempat Banten Kidul mah sagala ge kudu make malipir lamping nu gawir...
> contona di daerah Kasepuhan, saperti Sirnaresmi, Ciptarasa, Cisungsang jrrd.
> Mugia ka nu posting, utamina nu nyerat eta sawer... ulah ngangken-ngangken
> Banten Kidul pikeun neangan alibi.  atanapi pami memang Banten Kidul, yu..
> ayeuna mah leuwih hade urang pikiran ka haeupna Banten Kidul anu perlu
> pangrojong di balarea.. Lain nu kararieu.
> Mugia ulah kasigeung..
>
>
>
> ----- Original Message -----
> From: "waluya56" <
[EMAIL PROTECTED]>
> To: <
urangsunda@yahoogroups.com>
> Sent: Thursday, 29 September, 2005 13:07
> Subject: Re: [Urang Sunda] (Kuncen) kanggo panganten (STOP)
>
>
>> Ngiring mairan. Saleresna "sawer panganten" porno ieu, mimiti
>> mucunghul di millis kisunda. Nu mostingna nyebutkeun cenah asalna ti
>> Banten pakidulan. Tapi kuring teu percaya, sabab eusina togmol pisan
>> (vulgar!). Sananjan basa sunda dialek banten teu pati sarua jeung
>> dialek priangan, ngan teu mungkin basana togmol kitu, sabab umumna
>> urang wetan (Timur) lamun soal hubungan salaki-pamajikan teh sok
>> disindir sampirkeun. Ka Kusnet nu ngirimkeun teh batur sakantor
>> kuring, harita mah sugan teh lain si eta, dicarekan ku kuring, ku MJ
>> di moderasi. Pundung sakeudeung, tapi teu lila. Ayeuna si eta, keur
>> pakepuk pisan, jadi tara posting di Kusnet.
>>
>> Soal seni, kuring mah teu ngartos, ngan ari ceuk kuring mah, hiji
>> tulisan tiasa langkung porno tinimbang gambar bubulucun, sabab
>> tulisan, langkung mere tempat keur ngahudangkeun imaginasi kanu
>> macana. Kidung Sawer panganten ieu, ceuk kuring mah, mere
>> imaginasi "porno" kanu macana. Jadi memang teu pantes diasupkeun ka
>> Kusnet. Jadi......katagorina leuwih porno ti gambar bubulucun
>> Anjasmara!
>>
>> Meureun .....ketah!
>>
>> Baktos,
>> WALUYA
>
>
>
> ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
> Make a difference. Find and fund world-changing projects at GlobalGiving.
>
http://us.click.yahoo.com/j2WM0C/PbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
> --------------------------------------------------------------------~->
>
> Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id

> Yahoo! Groups Links
>
> <*> To visit your group on the web, go to:
>   
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>
> <*> To unsubscribe from this group, send an email to:
>   
[EMAIL PROTECTED]
>
> <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
>   
http://docs.yahoo.com/info/terms/

>
>
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke