Muhun wilujeng tepang deui Kang Jalak, ehh Rayi nya, oge sareng sadayana.
Salami Agustus-September di dieu listrik dilereskeun da eta weh meh ampir unggal dinten jeprett...... jeprettt pareum kadang ti enjing dugi ka siang, teras ti sonten dugi ka wengi. Atuh nuju ngetik, nuju kuliah, nuju di ..... teu lancar.
Ayeuna alhamdulillah listrik teh tos damang deui.
Beda jeung di lembur urang ari takjil teh sarupaning kolek, kolek cau, kolek sampeu, candil, dsb. Di dieu mah seueurna kukuehan. Pangaosna lima ratus rupiaan, murah meriah. Ti tabuh 2 siang di jalan-jalan tos seueur nu icalan jajanan kanggo tajil. Aya apem, bolu, bugis, timpan (tah ieu rada aneh, cenah asli ti Aceh). Kuring mah sok rajeun neang nu araraneh nu teu aya di Bandung, nyaeta timpan tea nu dibungkus daun, diseupan, eusina cakial di lebetna aya sarikaya, mun di urang mah siga katimus ngan dieusian sarikaya.
Kolek jarang di dieu mah, ari surabi kinca mah aya tah kasedep sim kuring.
Pami bika di dieu nuju ngetop bika Zulaikha, ari markisa Pohon Pinang.
Tos ngaraosan juice terong belanda? Itu tuh nu warna beureum seger, rada haseum, seger pokokna mah.
Nuju milarian waktos yeuh hoyong buka di Mesjid Raya bari ngaraosan bubur pedas asli Melayu, saurna mung aya unggal sasih Ramadhan, khusus diayakeun ku kulawarga Sultan di Mesjid Raya Medan.
Para wargi tos bade baruka nya wilujeng buka puasa ka sadayana. Sim kuring mah ke kirang langkung sajam deui. Tos ah bade milari jajanan tajil heula ieu ge.
 
Salam,
Ely
Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Panutup, pami ti Medan nyimpang di Jakarta, komo kaleresan dinten Saptu ayeuna mah sakantenan we urang bukber, buka puasa sasarengan di rorompok Kang Akos. Pami teu kaabotan mah alungkeun we bika ambon sareng markisa na  -:))
 
salam
JP
elydjulia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalaamu'alaikum Wr. Wb.

Kahatur
Para wargi KUSNET
dimana bae linggihna boh di nusantara oge di mancanagara.

Sonoooooo .........puguh ge tos lami teu posting ka lembur KUSNET,
noongan mah osok eta ge mung tiasa sakedap-sakedap bae.
Kumaha daramang sadayana? Alhamdulillah dina danget ieu sim kuring
diparengkeun sehat wal'afiat. Wilujeng shaum ka sadayana.

Ieu aya seratan sum kuring ngeunaan Ciptagelar nu medal dina
Indigenous Science Network Bulletin sasih Oktober ieu. Kanu palay
maos mangga klik alamat di handap, teras dina kotak-kotakna klik
october 2005.

Salam Baktos,
Ely Djulia
nuju di Medan


Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.


Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke