Wilujeng enjing Senen sadayana, punten bade neraskeun hanca minggon kamari. Hatur nuhun, seratan di handap netelakeun simpulan ti payun ngeunaan peryogina ati2 jeung imbang dina nyikepan hiji masalah. Nyutat email di handap, geuning ka hiji bangsa mah urang teh kudu simpati: "Tapi ieu mah soal simpati bangsa urang ka urang Amerika nu meunang musibah." Tapi ka bangsa sejen mah: "[masalah] Irak jeung Amerika mah asa jauh teuing tina kahirupan sapopoe kuring, loba keneh urusan di lembur sorangan ge". Kunaon nya abdi mah asa ngarasa dua kalimah ieu teh patukangtonggong? Pedah urang Irak miskin? Pedah urang Irak teu ngabantuan kamari keur Tsunami? 
 
Nyampir sakedik kana masalah media, sadaya tangtos terang beja atawa opini (komo dina media) teu leupas tina kapentingan. Tiap media (atawa jelema) boga ideologi sorangan2 nu -sadar atawa henteu- jadi dasar manehna ngawangun hiperrealitas2 ku cara mangaruhan pola pikir batur. Di zaman pabaliut info ieu, maca realitas satukangeun hiperrealitas2 ieu ku cara mace eusi (content analysis?: nitenan cara hiji media milih jeung ngabahasakeun berita, nada kalimah, arah tajuk jst) jeung nitenan saha nu ditukangeun dapurna kacida penting pikeun nangtukeun sikep jeung pamadegan kana hiji masalah.
 
Komo deui pikeun abdi (baca:muslim) nu sikep jeung ucap bakal dipenta tanggung jawabna.  Sikep urang kana masalah Bom Bali, London, Katrina, jssb bakal dipenta tanggungjawabna salaku manusa. Tapi sikep urang ka dulur2 sakayakinan bakal ditanya ku 2 kali: salaku manusa tur salaku jelma nu ngaku nyembah Pangeran nu sarua (teu paduli Sunni, Syiah jsb, teu paduli jelmana tukang ribut jst). Moal dipedar masalah kawajiban urang ka sasama manusa jeung (kaleuleuwihi jeung dulur saiman) da abdi mah sanes ahlina. Mung ngemutkeun pentingna ati2 jeung mayunkeun husnudon dina ucap tur sikep. 
 
Ngabandingkeun Inggris jeung kaayaan bangsa urang teu tiasa siga motret sakali jadi. Aya sababaraha poin nu kedah dieceskeun heula. Kahiji, nu disebat "brengsek vs maju" teh nu kumaha? Naha make tolok ukur materialisme atanapi naon? Kadua, naha perbandingan ieu bade dileupaskeun tina prosesna atanapi? Naha bade ngange sudut pandang liberalis (comparative advantage-na Adam Smith, competitive advantage-na David Ricardo atanapi factor proportion-na Heckscher-Ohlin); atanapi ngangge sudut pandang alternative/Marxism (misalna teori pangawasaan faktor produksi nu ngamunculkeun imperialisme). Hiji patarosan nu simpel ti sudut pandang Marxist: mun Indonesia teu leungit waktu salila 350 taun pikeun nyalametkeun hirup (alias teu dijajah), siga kumaha kaayaan urang ayeuna? Sabalikna, mun misalna baheula nagara lian (Inggris, Walanda, Amrik) "sadar" tur teu ngajajah nagara batur baheula, siga kumaha ayeuna maranehna?
 
Kanyataan ayeuna imperialisme masih keneh aya ngan salin wujud, halus, leuleuy (baca seratanna Kwik di dieu: http://search.jawapos.com/index.php?act=detail_s&f_search=kwik%20kian%20gie&id=189824). Teu poho sikep hirup materialistis tur hedonis (nu teu sagemblengna saluyu jeung kayakinan bangsa urang) dijejelkeun teu eureun2. Kuatna dorongan nilei2 ieu jeung kultur bangsa urang teu salawasna alus. Contona, materialisme + "kakaluwargaan" = korupsi (baca seratan Sjafri Sairin ngeunaan korupsi di dieu: http://www.paj.or.id/detail.php?id=46). 
 
Janten, kritis? Siapa takut! Mung kritis teu sami sareng "asal mahiwal" make basa provokatif.  
 
Baktos [EMAIL PROTECTED]  
NB: Warta 350juta$ aya di dieu: http://abcnews.go.com/Politics/wireStory?id=374677 ; Berita bantuan asing aya di dieu: http://www.indonesia-tsunami.info/index.php?option=com_content&task=view&id=130&Itemid=64 
 

--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]>wrote:

--- In [email protected], Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
>
> Ari bah Willy sok muter kamamana, "curiga teh lain wae kanu ngamusuhan", cobi kalimah ieu diterapkeun ka kalakuan nagara sejen? Sakali deui, pikeun abdi dina kasus Aceh nyimpulkeun sikap ati2 pamarentah kedah ditingal kapasitasna nu ngaluarkeun pamendak lantaran curiga sareng waspada ipis pisan bedana. Upami perspektif ieu teu tiasa ditampi mangga, moal maksa. Bantosan LSM urang dieu (sareng LSM "dulur" ti bangsa "deungeun") ku abdi disebatkeun soteh pedah dina email Abah ti payun, nyutat tina media, bantuan ti bangsa sorangan teh asa dieuweuhkeun pisan, .....

Saur saha bantuan bangsa sorangan diangap dieuweuhkeun? nya henteu atuh, ngan nyaeta teu nyukupan. si Ibu nu nulis surat pembaca dina Kompas meureun acan kabagean wae bantuan, pas aya nu mere, beas ti jepang, hatena ngangres. Wajar, ceuk kuring mah manehna nepika nulis surat pembaca ka Kompas, nu nunjukkeun manehna teh manusa anu terang etika kudu kumaha nganuhunkeun.

Aya deui dongeng waktu tasunmi di Aceh teh, dina acara interaktif metroTV nu ngabahas bantuan-bantuan ti nagara asing aya nu nelepon ka metro TV, sorana rada nyeuneu, pokna teh, kuring kakara balik ti ACeh, balad-balad kuring masih digarawe didaritu, nulungan urang
ACeh, naha kuring jeung balad-balad kuring teu disorot kamera, teu dibejakeun, kalahka nyaritakeun bantuan nagara Asing. Ngadenge nu nelepon eta, kuring ngahuleng, geuning nu nulungan ACeh jeung boga kapentingan teh lain nagara batur wae, tapi oge LSM jeung aktivis-
aktivis politik, buktina tepi ka hayang kasorot kamera jeung diwawar- wawar ....

> Perkawis Katrina, kaleresan abdi nitenan beritana langsung ti media di dieu (CNN, BBC News, Sky News, jeung ITV). Nyatana tong bororaah urang di Indonesia, pamarentah federal USA we TELAT mere bantuan (utamana mah ka jelema Afro-Amerika nu miskin) nu ngakibatkeun lobana korban ti golongan ieu. Bangsa nu perkasa ngaluarkeun miliar-miliar dollar pikeun merangan bangsa batur geuning kitu ka bangsana sorangan. Upami pamarentah urang dianggap telat nyebatkeun bela sungkawa (kedah dicek deui) naha tiasa dijantenkeun ciren yen "bangsa" urang pinter kodek? Sakali deui patarosan abdi, nu diajngjikeun 350 juta dollar teh sabaraha nu kabuktos? Aya datana?

Tah soal korban topan Katrina kurang ditulungan ku pamarentah fedral, memang leres. Tapi ieu mah soal simpati bangsa urang ka urang Amerika nu meunang musibah. Duka pedah ngarasa ari Amerika mah nagara beunghar, jadi uarang teu kudu nunjukkeun simpati. Coba
bandingkeun kumaha reaksi bangsa urang, lamun amerika teu nunjukkeun simpati, teu nulungan waktu nagara urang keuna ku tsunami? leuh meureun ....sagala sumpah serapah kalaluar.

Soal bantuan 350 juta dollar ka Aceh, kuring mah hentau terang jujutanana, naha geus katarima atawa acan, jeung saha nu rek mere eta. ARi kuring mah ningalina lain soal jumlah duitna, tapi atensi nu gede ti nagara-nagara batur waktu nagara urang keuna musibah. Ceuk cenah sagala rupa teh ulah diukur ku materi wae, tapi tingali ku kahadeanana!

> Perkawis Tim-Teng, abdi moal manjang tur luar-leor tina jejer yen aksi nagara Amrik ti heula didasaran ku langkung ti curiga (emut yen laporan tim inspeksi nu nyebatkeun teu aya di WMD teu digubris?). Sadaya seratan Abah perkawis sifat urang Arab, malah janten panguat argumen abdi yen urang teu kedah tanggah teuing ka bangsa deungeun da geuning kalakuannna oge aya nu leuleuwihi ti urang.

Ke perkawis tanggah ka urang deungeun naon maksadna?. Nya tantos wae kalakuan nagara deungeun oge loba gorengna. Ngan upama dibandingkeun jeung kaayaan di nagara urang mah, hehehehe punten ah eta di Inggris kumaha nya? langkung brengsek ti nagara urang atawa 300% langkung sae?

> Sikep netral perkawis konflik ieu? Mangga, teu kedah dipertanggelwalerkeun di dieu, engke wae di aherat; salaku manusa, salaku muslim.

Sapuk lah dina soal ieu mah, eta mah urusan masing-masing engke diakherat, jeung deuih keur kuring mah urusan Irak jeung Amerika mah asa jauh teuing tina kahirupan sapopoe kuring, loba keneh urusan di lembur sorangan ge.

Baktos,
WALUYA


--
>> yudi irmawan <<


Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.


--
>> yudi irmawan <<


Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke