--- In [email protected], Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Wilujeng enjing Senen sadayana, punten bade neraskeun hanca minggon > kamari. Hatur nuhun, seratan di handap netelakeun simpulan ti payun > ngeunaan peryogina ati2 jeung imbang dina nyikepan hiji masalah. > Nyutat email di handap, geuning ka hiji bangsa mah urang teh kudu > simpati: "Tapi ieu mah soal simpati bangsa urang ka urang Amerika nu > meunang musibah." Tapi ka bangsa sejen mah: "[masalah] Irak jeung > Amerika mah asa jauh teuing tina kahirupan sapopoe kuring, loba > keneh urusan di lembur sorangan ge". Kunaon nya abdi mah asa ngarasa > dua kalimah ieu teh patukangtonggong? Pedah urang Irak miskin? Pedah > urang Irak teu ngabantuan kamari keur Tsunami? >
WALUYA : Patulang-tonggong? palebah manana patulang tonggong? kuring simpati teh kanu keuna musibah bencana alam, jadi simpati ka urang Amerika nu keuna ku bencana alam, sarua simpati kuring ka urang India, Pakistan jeung Afghanistan anu ayeuna oge keuna musibah lini. Tah ari soal Irak jeung amerika mah lain simpati atuh, tapi namina mihak. Mihak ka Amerika atawa mihak ka Irak ( Pamarentah Indonesia katingalina rada mihak ka Irak jaman Saddam Husein). Tapi ari kuring mah netral, meunang lain netral oge? naon sababna kuring netral, sabab AMerika jeung Irak oge sarua papada salah. Irak (baca; Saddam Husein) kabeukina ngan perang wae, jeung Iran perang, tepi ka dua- duana langlayeuseun sorangan, teu puguh anu meunang. Saddam menta duit ka Arab Saudi jeung Kuwait, teu dibere, ngambek, Kuwait diserebu, malah arek dijieun provinsi ku Irak. Amerika nulungan Kuwait, Irak lumpat, tapi Saddam nu boga "ulah" henteu bisa diturunkeun, kuat pisan. Hartina loba oge rakyat Irak nu ngadukung Saddam. Amerika panasaran, jeung kaebeneran kabita ku minyakna Irak, ngagubragkeun Saddam diteruskeun. Saddam tigubrag, tapi soal Irak teu beres-beres, sabab kanyataanana urang Irak teh kabagi-bagi ku sababraha kubu (etnis jeung aliran agama), jadina getih ngucur dimana-mana, bom ting beledug. Amerika agressor dina nyerebu Irak, memang leres, tapi Irak (= Saddam Husein) oge boga kalakuan nu sarua jeung Amerika, serba-serbu ka nagara tatangga. Jadi keur kuring mah mending netral we, keur mah teu puguh nu mana nu salah jeung nu mana nu bener, kabeneran jauh deuih ti lembur kuring mah. Baktos, WALUYA ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org! http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

