Anu kapireungeuh ku kuring, Indonesia jaman BK hayang berdikari: teu kulon, teu wetan. Ngan hanjakal, harita ekonomi bangsa kapopohokeun. Oge BK henteu carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket tina golongan ngaruntuhkeun tin jero...jeung masalah sejenna kusabab tarik teuing dengdek ka wetanna (dina mangsa akhirna). Hiji hal anu jaman harita sigana khas timur: masyarakat biasa satingkat supir bajaj bisa jadi anggota MPR.
 
Jaman HMS: lain geus mimiti rek ngiblat ka barat? masing nampik kalah ka kumaha wae oge (ku alesan budaya Pancasila), anu kajadian mah loba cara barat anu geus tumerap di urang. Ngan hanjakal, ceuk sabagean pakar, barat anu diterapkeun di urang malah leuwih ti di barat (nagara aslina) sorangan. Malah "issu-issu" ngeunan "mafia berkeley" jeung sajenisna sigana lain ukur issu. Atuh ayeuna...barat teh loba anu ngarasakeun, malah geus balikm deui "ngajajah indonesia" (kawijakan imf, hit economy, jst).
 
W.S. Rendra kungsi nyarita, anu salah di bangsa Indonesia ayeuna- anu perlu diropea deui - nyaeta dialog antara peradaban anu "lokal" jeung anu datang. Nepi ka samemeh pangjajah datang ka nusantara, karuhun-karuhuna urang geus anggeus ngalakukeun dialog jeung budaya anu datang. Hasilma, upamana, Borobudur jeung nu sejenna anu lain budaya sejen, da beda jeung sumberna. Ieu dialog teh ti saprak pangjajah datang ngarandeg, henteu laju. Musababna: mungkin virus pangjajah teh kuat pisan nyaliara dina awak: mataholangna mah kakawasaan anu ngajadikeun naon wae jadi alat ngalegakeunana (agama, teknologi, budaya anyar).
 
W.S Rendra oge, kamari-kamari ieu dina hiji seminar nyarita yen urang ulah "salah kaprah" kana kecap "balik deui kana kaarifan lokal". Sabab, saur anjeunna, dina mangsa ayeuna satemenna geus teu aya anu bener2 murni salaku anu "lokal". Anu penting, dina "wacana" balik deui kana kaarifan lokal teh taya lian ti kreativitas. Kudu parigel nyieun kreativitas pikeun ngungkulan masalah anu disanghareupan. Kreativitas merlukeun sikep anu muka kana naon wae pamadegan nu lian, ngalap pangaweruh ti ditu ti dieu, oge wani jeung tangtu wae jujur.
 
Naha wetan perlu ngudag jeung nyaruaan barat nepi ka mentalna perlu dirobah tina mental abad 19 kana mental 21? Tangtu wae upamana anu dimaksud ku mental abad 19 teh mental anu goreng saperti : ngalegaan kakawasaan (pangaruh) make/numpakan agama, feodlisme, rendah diri, curigaan, teu kaopan, jst.
 
Cag heula, bisi loba teuing salahna.
baktos,
manAR
 
 
 
  
 


 
On 10/17/05, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya, ieu aya resensi buku tina Kompas poe kamari,  terjemahan ti Asian
Think's karya Mahbubani diterbitkeun ku Mizan. Aya narik tinu nu nulis
resensi ieu buku, soal urang indonesia kudu bebenah ninggalkeun mental
abad ka 19 jadi mentalitas abad 21.

Nyanggakeun!


Baktos,
WALUYA

Bangsa-bangsa Asia Butuh Mentalitas Baru

Membaca buku ini diharapkan membuat kita, orang Asia
yang tinggal di kota-kota dan kampung-kampung
Indonesia segera berbenah, mengubah pola pikir dan
mentalitas lama, mentalitas abad ke-19, menjadi
mentalitas abad ke-21. Selama mindset masih belum
terprogram, selama itu pula kita tidak mampu keluar
dari keterpurukan. Sadarkah bahwa kita semua tengah
menderita penyakit mental?

M Alfan Alfian M Direktur Riset Akbar Tandjung
Institute dan Dosen FISIP Universitas Nasional Jakarta.



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/








Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke