"Julaeha, Siti" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ass,
Kahatur baraya Kusnet,
Meumpeung masih keneh dipasihan kasempetan ngintun surelek oge masih keneh dipasihan yuswa dugi ka dinten ieu, simkuring neda pangapunten bilih salami ieu aya cariosan anu kirang merenah atanapi aya lalampahan anu matak ngaraheutkeun kana manah, hapunten anu kasuhun, mugia ikhlas tur ridho ngalapurkeun sadaya kalepatan simkuring.
Insya Allah pami diparengkeun ku Anjeuna urang bakal tiasa deui patepung lawung, ngariung ngado bako di Kusnet ieu.
Wilujeng Iedul Fitri 1426 H
Mugia urang sadaya dilebetkeun kana golongan jalmi anu kenging karidhoan ti Allah SWT.Wilujeng kanu bade mudik, sing atos-atos dijalan. Kade pami aya nanaon ulah geumpeur tur hariwang, ulah sieun jeung ngeleper, komo bari langsung lumpat mah, matak cilaka. Sebat we nami abdi bari nenjrak bumi lima puluh kali, Insya Allah bakal cangkeul sampean.
Punten, sakitu anu kapihatur.
Wass.
Titi
*Bade Mudik ka Kuningan, Insya Allah Sabtu enjing. Saha nu bade ngiringÂ…ongkosan abdi ;))
This message (including any attachments) is only for the use of the person(s) for whom it is intended. It may contain Mattel confidential, proprietary and/or trade secret information. If you are not the intended recipient, you should not copy, distribute or use this information for any purpose, and you should delete this message and inform the sender immediately.
Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

