Wa'alaikumsalaam w.w.

Hehe... awon tung2na...

Sami2, Teh Titi. Simkuring rumasa sakarepna di milis teh, abong biwir teu diwengku cenah, kena letah teu tulangan, nyarita teh sahayuna bae. Komo ka nu geus biasa heureuy, mani asa ngeunah jeung enteng ngaheureuyan teh, padahal saha nu terang aya ti antarana anu kasigeung. Deuih salaku kuncen, tangtu simkuring loba kakuranganana.
Ku kituna, simkuring neda asih pangapunten ku ka sadaya baraya Kusnet. Nyaan ieu mah... hapunten samudaya kahilapan simkuring. Oge salaku kulawarga, ti luhur sausap rambut, dugi ka handap sausap dampal, simkuring lan punbojo nyuhunkeun dihapunten kanggo sagala rupina.

Wilujeng boboran (saminggu deui), mugia amal ibadah saum urang ditampi ku Gusti Alloh SWT. Aamiin...

sikandar & mpup
manawi pareng ngaliburkeun maneh per 29 Okt-13 Nop

On 10/26/05, Julaeha, Siti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Ass,

Kahatur baraya Kusnet,

Meumpeung masih keneh dipasihan kasempetan ngintun surelek oge masih keneh dipasihan yuswa dugi ka dinten ieu, simkuring neda pangapunten bilih salami ieu aya cariosan anu kirang merenah atanapi aya lalampahan anu matak ngaraheutkeun kana manah, hapunten anu kasuhun, mugia ikhlas tur ridho ngalapurkeun sadaya kalepatan simkuring.

Insya Allah pami diparengkeun ku Anjeuna urang bakal tiasa deui patepung lawung, ngariung ngado bako di Kusnet ieu.

Wilujeng Iedul Fitri 1426 H
Mugia urang sadaya dilebetkeun kana golongan jalmi anu kenging karidhoan ti Allah SWT.

Wilujeng kanu bade mudik, sing atos-atos dijalan. Kade pami aya nanaon ulah geumpeur tur hariwang, ulah sieun jeung ngeleper, komo bari langsung lumpat mah, matak cilaka. Sebat we nami abdi bari nenjrak bumi lima puluh kali, Insya Allah bakal cangkeul sampean.



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke