Punten, seja ngiring ngengklokan.
Ceuk cenah, pikiran-pikiran atawa kahayang balik deui siga jaman bareto gemah ripah teh disebutna pikiran romantis. Ceuk kuring mah, kaci pisan urang boga pikiran kitu. Da, manusiawi te meureun. Tapi, leres kasauran Kang Gibson, yen wangunan Sunda anu dipikayang mah tangtu lain ngahadirkeun deui hiji hal anu geus purba fisikna; tapi nilei-nilei kahirupan anu ngawengku cita-cita Urang Sunda. Pan, tinggali kang Gibson nyalira romantis pisan sareng Bujangga Hasan Mustaffa teh.. Ti, dieu, ceuk pamanggih kuring, anu kudu jelas dipikirkeun kumaha carana sangkan nilei-nilei eta bisa nyaliara ka sakumna pribadi Urang Sunda.
Pajajaran, Galuh, atawa Taruma Nagara atawa naon tur saha wae, sabenerna dihadirkeun dina paguneman lain keun ditamlegkeun fisikna, tapi supaya urang teu lengiteun akar mun urang rek ngakukeun diri salaku Urang Sunda. Sabab, nu disebut seke seler teh pan kudu jelas mimitina.

Leres kang Gibson, sim kuring ge sapuk mun anu kudu bisa ngamodernisir basis sosial tur budaya urang ngara loyog jeung tuntutan poe ieu. Tapi, urang tetep teu meunang ngilu "arus" kitu wae pan!

baktos

tantan


On 11/9/05, kang_gibson <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Sampurasun,

Sateuacanna sim kuring muka dadaran pamadegan pribadi, langkung
tipayun sim kuring seja sasadu heula, bilih bisi aya anu kasabit ati
kasuat rasa tur kasigeung kersa, pangapunten anu disuhun pangampura
anu diseja ti sakumna seke seler Sunda. Sok sanajan sim kuring pribadi
ceuk rarasaan mah jeung ceuk beja ema jeung bapa kuring teh pituin
Sunda, tapi da teu kitu ari anu ngarana rasa nu namina ati.

Sim kuring teh beak panasaran, naon anu sabenerna anu ku urang
diarep-arep ti jaman anu geus lawas, ti Pajajaran anu anu lawas, Galuh
anu jauh. Lamun anu di arep-arep teh karaharjaan jeung kajayaanana
(Pajajajaran, Galuh jeung karajaan lianna) meureun urang bisa mupakat,
tapi lamun Pasundan kudu ngajadi Karajaan duei saperti baheula mah can
tangtu mupakat sarerea (kumna seke seler Sunda).

Ceuk rarasan jeung pikiran sim kuring, kajayaan jeung karaharjaan
Pasundan teu kudu balik deui ka sistem karajaan komo deui kudu
ngoreh-ngoreh jeung nyaliksik turunan asli Raja Pajajaran jeung Galuh
mah asa kokomoan teuin, kaleuleuwihi. Memang lain mustahil, tapi asa
ngarawu kusiku, nya kaleuleuwihi tea kasebutna, ngarep-ngarep anu can
puguh pihasileunana.

Ceuk rarasaan jeung pikiran sim kuring, nilik kana kaayaan kiwari
turta nyawang pikahareupeun, Pasundan bisa nanjeur deui kajayaan jeung
karaharjaanana mun urang bisa mikir kalawan 'arif tur nyoko kana
kanyataan anu eukeur dirandapan napak kana raratan anu bakal di
sungsi, lain kucara ngahurun balung nyipta-nyipta jaman baheula. Lain
maksud sim kuring urang kudo mopohokeun jaman anu geus kaliwat,
bararaid teuing lain eta maksud sim kuring. Naon-naon anu aya jeung
diwaris ka urang ti karuhun tangtuna bae kudu dipusti-pusti tapi lain
pikeun dicekel deleg (ditarima sabage "blue-print" yang tidak bisa
diganggu gugat), tatapi dijadikeun "modal" jeung pieunteungeun pikeun
nyorang mangsa anu eukeur jeung bakal disorang.

Tatapi, sanajan kumaha oge, sim kuring clak putih clak herang teu
geuneuk teu maleukmeuk, bener-bener ngahargaan kana patekadan jeung
usaha sarta upaya anu kudulur-dulur keur dilakonan. Boa-boa pamadegan
sim kuring anu salah, urang kudu hirup sauyunan, silih asah silih asih
silih tunjukeun dina jalan bebeneran, sok sanajan beda pamadegan. Da
beda can tangtu pada-pada salah, ngan ukur beda jalan da tujuanana mah
pada-pada sarua. Ceuk kasauran Panghulu K.H. Hasan Mustapa teama kieu:

        Rĕmpug sĕmu jeung salĕmbur,
        Bear budi jeung pangampih,
        Mustika tara kasangka,
        Bisi batur pada manggih,
        Diudang tata satata,
        Ditungtik surtina buni.

Kitu tah baraya, sabenerna mah asa heurin letah. Kusabab kitu boh bisi
aya caritaan (tulisan) sim kuring anu teu matak merenah kana manah
dulur-dulur, boh bisi aya pamadegan sim kuring anu jauh tina
panyangka, boh bilih aya kecap nu teu nincak, kalimah nu matak
tugenah, aya basa nu cumataka, neda agung cukup lumur jembar hapunten
anu diseja.

Baktos abdi,


AG./Bdg.

=============================






--- In [email protected], "Ujang Kemod" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> muhun perkawis kebangkitan kerajaan sunda besar teh tos aya nu
> ngalungkeun ka milist.Jadi ingeut pangalaman pak eman sulaeman baheula
> aya nu ngadatangan ka anjeunna ceunah dititah kaisarna, make sarba
> bodas ngajakan asup ka sunda besar tea,atuh ku pa eman mah malah di
> balikeun. Jadi weh eraeun teu datang deui ka pa eman sabab basa
> ditingali panca kaki karaajanna teh loba nu salah. Jeung deui ceunah
> mah nu miluan teh loba ti rahayat leutik, jeung dibibit duit , Teuing
> ach urang mah lieur, miluan ceuk kolot baheula weh da Pajajaran! nu
> asli mah engke oge bakal ngadeug deui wassalam
> --- In [email protected] , "R. Joni Wirawan"
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > wa'alaikumsallam ....
> > hebatlah urang padjadjaran bogor mah, jaman kiwari masih keneh aya
> niat jiga kitu.....
> > manawi simkuring kawitna ti kawali ciamis, hoyong oge ngadamel acara
> "Bangkitnya Kerajaan Galuh Modern" ....hehehehe
> >
> > permios....
> >
> >
> > -----Original Message-----
> > From: [email protected] [mailto:[email protected]]On
> > Behalf Of Wulan Sari
> > Sent: Sunday, 06 November, 2005 8:43 AM
> > To: [email protected]
> > Subject: [Urang Sunda] perihal kebangkitan kerajaan sunda besar benar
> > apa tidak..??
> >
> >
> > assalamualaikum...
> > waduhhh dah lama nigh gak ningrum di kusnet
> > ini..puntenya sanes abi ngelupain..oya..lan mau nanya
> > nigh, tentang adanya "kerajaan sunda besar
> > baru/pajajaran baru"..baru2 ini wulan ngebuka situs nu
> > ngasih tau informasi tentang kebangkitan kerajaan
> > sunda..apakah benar tentang informasi
> > tersebut..???..trus tentang adanya putri bungsu dari
> > kerajaan itu memang benar adanya apa hanya sebagai
> > rekayasa aza..???...mungkin dari sekian banyak urang
> > sunda yang ada pasti engga smuanya tau tentang adanya
> > informasi ini..makanya itu..mohon penjelasannya bagi
> > akang2 sareng teteh2 bila ada yang tau..oya..sareng
> > iyeu wulan ngasih alamat situs anu ku wulan buka..:
> > http://www.123freehost.co.uk/sites/putri-sejatiningrat2/
> > http://www.123freehost.co.uk/sites/putri-sejatiningrat/
> > http://www.123freehost.co.uk/sites/kerajaansundabesar/
> > bila..informasi ini tos di bahas ti forum ini wulan
> > mohon maaf karna wulan bener2 gak tau..dan pengen tau
> > tentang kebenarannya..oya gak lupa juga wulan ucapin
> > minal aidin walfaidzin mohon maaf ya kang en teteh klo
> > ada salah2 kata...wassalam
> >
> >
> >
> > __________________________________
> > Start your day with Yahoo! - Make it your home page!
> > http://www.yahoo.com/r/hs
> >
> >
> >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
>







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke