Tos pada tarerang PORJI? Ih sanes, sanes Pekan Olahraga Paraji. PORJI teh singketan tina Kompor Tai Ragaji, kompor anu bahan bakarna ku tai ragaji. PORJI ieu mimiti mucunghul saprak aya kanaekan BBM. Kunaekna BBM  jalmi-jalmi maruterkeun uteukna, kumaha carana sangkan dapur ngebul, tapi eusi dompet henteu ngiring ngebul gara-gara kedah meser minyak tanah anu hargana salangit, nya salah sahijina ngajanggelek PORJI. Kumaha atuh carana midamel sakadang PORJI teh ? Saleresna teu sesah sesah teuing midamelna, cekap milari tilas kaleng cet 25 kiloan, teras handapna disemen minangka dadasarna, atuh luhurna ngadamel rarangka kanggo nagogeun seeng, katel atanapi sabangsana. Saparantos rengse lebetkeun tai ragaji, teras nganggo suluh hiji minangka cocolokna. Jegur disundut. Upami hoyong enggal marong, tiupan ku songsong, saparantos marong mah gatengkeun we, bari siduru sajam teu karaos kulub suuk tos munyutuk, ngan kade ari ngulub tulang mah teu kenging diantosan bari patuangan tos ngerebek lapar, sanes nanaon. Lami!
 
Biasa ari jalmi mah sok tuturut munding, ngadamel saurang, ari breng teh sa rt pipilueun. Atuh puguh we anu tadina tai ragaji narambu diunggal juru,bayatak diunggal jarian teh kiwari teu sirikna paboro boro da papada perlu. Boa-boa jaga mah tai ragajina ge dijual sakarung saanu rebueun, boa-boa hargana ge ngaleuwihan harga minyak tanah, boa-boa meulina ge kudu siap siap ngantri, ah boa-boa engke mah loba nu nimbun da aya beja hargana nek naek deui. Mun enya teh kajadian, asa kabina bina teuing, Mangga we bayangkeun, ngantri meuli tai ragaji. mending mun ngaragajina ku ragaji simso,orokaya ku ragaji honghang pisakumahaeun cangkelna nungguanna. Enya mun dipikir-pikir mah lieur, kieu salah kitu salah. Kiwari  nu kaharti ku uteuk rahayat leutik mah, ngan hiji, turunkeun deui harga BBM sabihara bihari, sangkan kompor minyak anu tos bulukan teh bisa diaranggo deui. Atuh anu tos kadung garaduh PORJI sakali kali mah bisa diaranggo siduru bari ngabubuy hui cilembu. Pek we ka pamarentah mun tega mah taekeun deui harga BBM taun hareup, ngan kudu siap-siap nyetak kartu miskin anyar jutaan siki deui. Piss ah, hidup PORJI !
SR


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke