Aduhhda upami caket mah hoyong ngiringan sim kuring tehh

Sigan bakalan seru nya….

 

-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Nanang Tedja
Sent: Thursday, November 24, 2005 11:02 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Cc: [EMAIL PROTECTED]
Subject: [Urang Sunda] Bewara : HALAL BIHALAL KUSNET 2005

 

Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh..

 

Baraya Kusnet sadayana,
Dina raraga boboran siam 1 syawal 1426 Hijriah,
dibéwarakeun deui yén bade diayakeun acara Halal Bihalal Kusnet 2005
nu Insya Allah badé diayakeun dina :

 

Dinten Saptu dugi ka Minggu, ping 26~27 Nopember 2005
ngawitan tabuh 08.00 énjing dugi ka lekasan
di Villa Batan, Kota bunga, Cipanas - Puncak

 

Acara :
  - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan
  - Hiburan & Kaulinan
  - Kongres, Diskusi santei
  - begadang bari meuleum jagong....asik wé lah...
  - Aerobik sareng jalan-jalan ka Kota Bunga

 

Lokasi :
Lokasina kirang langkung 2.5 KM ti Jalan Raya Cipanas-Puncak
lebet ka arah Kota Bunga / Taman Bunga Nasional.
Tiasa kana angkot rute : Cipanas-Loji (warna konéng)
lungsur di payuneun "Tasik artshop", teras lebet 500 meter
tiasa mapah/nganggo kendaraan.
Peta-na ditangkodkeun.


Anggoan :
Santéi wé, nu gaduh kaos Kusnet mangga dianggo,
pami teu gaduh, di lokasi HBH ogé aya nu icalan.
kudu mésér nya....

 

Ka baranya nu bade mondok tong hilap ngabantun jaket/
anggoan nu kandel kumargi hawana nyecep..
sareng sayogi obat-obatan.

 

Nu bade olahraga, mangga ngabantun raket Tenis, raket
badminton, oge bet tenis meja.

 

Kukituna, ka anu parantos ngintun konfirmasi bade sumping,
réngréngan Panitia ngantos kasumpingan sadayana dina waktosna.

 

Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali silaturahmi
diantawis baraya Kusnet sadayana.

 

Diantosssss...........

 

Sakitu anu kapihatur,
Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.


-Ndoell-
Panitia (hususon tukang wawar)

 

hapé : 08129056192
imel : [EMAIL PROTECTED]


Yahoo! Music Unlimited - Access over 1 million songs. Try it free.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke