(Kang Enton, punten nya, make basa Sunda loma):
Aeh ari nyaneh, na kamana wae atuh? apan ti heula oge basa mimiti andika ngelol ka milist geus digeroan, atuh ayeuna teu wewleh nganti-nganti. Sono kacida, teu kuat hayang panggih. Kumaha ayeuna janggotan? :)
Enya seug, janjian wae. Geus aya no hp kuring? Ieu: 081320691773. Tilu minggu si kuring di Al Wasilah- K.H. Thontowi (Kang Toto)-Garut, kamari basa daurah nasional bulan Rewah tea. Lumayan loba bahan tuliskeuneun, komo keur wartawan mah :). Sigana geus waktuna diiberkeun ka sadayana, yen Kang Toto teh payus pisan upama nyangking jujuluk "kiyai lingkungan" teh. Usaha-usaha anjeunna di widang lingkungan ti mimiti wacana (buku, konsep), prasarana (ngumpulkeun ulama-ulama sa-Garut pikeun ngaluarkeun fatwa lingkungan, ayeuna geus medal), oge prak (nyieun ipukan bibit tatangkalan, ngabagikeun bibit keur ngahejokeun leuweung, jst).
Sakitu heula nya, diantos kontakna
salam sono eung,
manAR
On 9/30/05, enton supriyatna sind <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Almukarom Kang Oman, iraha-iraha anteur atuh abdi ka KH Thontowi yu, hoyong ngobrol panjang ngeunaan lingkungan. Kaleresan abdi kantos ka Leuweung Sancang. Memang pikasediheun puguh ge.Wassess
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Baraya,Jero 10 poe leuwih kuring aya lolongkrang nganjrek di Garut tur bisa pagilinggisik jeung KH. Thonthowi. Ku kasaean anjeunna, dina raraga ngareuah-reuah pancen ngarapan proceeding daurah (pendalaman) tingkat nasional pangwangunan kaulamaan jeung pondok pasantren di Al Wasilah -pasantren luhur (babandinganana: paguron luhur) anjeunna - seueur pangalaman ngeunaan Garut, kaasup diantaran soal Leuweung Sancang jeung lingkunganana.Kang Thonthowi ku anjeun ceuk si kuring mah payus dileleran gelar salaku "kiyai lingkungan" kulantaran orientasi atikan di pasantrenna, perhatosan sareng kiprahna kana ngurus lingkungan sakitu ageungna. Eta wae, Kang Thonthowi sajabi prak maparinan contoh ngahejokeun leuweung oge mupuhuan musaywaroh ulama sa-Garut anu ngahasilkeun fatwa ngeunaan miara lingkungan sareng nyiptakeun sholawat lingkungan (kapayun jejer ieu urang pedar manawi pareng).Santri-santri Kang Ajengan -anu kamari jadi balad panitia daurah - teh seueur anu bibit buitna ti Sancang. Leres, aranjeunna nyarioskeun yen Sancang ayeuna geus kacida rusakna, geus kari tulang-talengna lamun diibaratkeun sato mah. Saur aranjeunna, anu ngaruksak Sancang teh taya lian ti "gawe bareng" antara oknum pamarentahan/bumn pakait leuweung, polisi leuwueng jeung cukong. Tapi, anu mindeng dituduh ngaruksakna mah taya lian ti rahayat leutik sabudeureun leuweung Sancang.Lebah dieu jadi inget novel "Wah"-na Putu Wijaya. Eta novel nyaritakeun yen dina kahirupan sapopoe mindeng kajadian kapala polisi (jembarna patugas nagara/ pamarentaha anu kawajibananana ngariksa rahayat jeung sarakanana) teh sok ngarangkep jadi kapala garong. Wallohu 'alam, eta mah caritaan Putu.Aya carita barudak Sancang ngeunaan nasib anu ngaruksak Leuweung Sancang. Saur aranjeunna, ayeuna geus mimiti nungtutan tumiba musibah rupa-rupa panyakit ka maranehna anu ngaruksak Sancang. Aya anu stroke, aya anu gede beuteung, aya anu ingkud-ingkudan teu bisa leumpang. Padahal, samemehna mah arinyana teh sakitu jagjang waringkas, buta tulang, buta daging.Lebah dieu, si kuring inget piwuruk para pinisepuh sareng jalmi-jalmi sholeh, boh dina buku, atawa cariosan langsung. Eta nasehat teh ringkesna kieu: "Ati-ati poma anjeun sakali-kali ulah nyieun kadzoliman ka sasama manusa dina urusan taneuh, cai, pepelakan jeung ingon-ingon, sabab akibatna baris tumiba ka maneh di dunya keneh, moal diengkekeun".Cag.baktos,manAROn 9/23/05, :: Yayan Mulyana :: <[EMAIL PROTECTED] > wrote:Jumat, 7 Desember 2001
http://www.kompas.com/kompas-cetak/0112/07/daerah/suat25.htm
Suatu Saat, Leuweung Sancang dan Leuweung Naga Tinggal
Nama
BUKAN hanya sekali ini masyarakat adat Suku Naga di
Kabupaten Tasikmalaya, Jawa Barat, memprotes
penebangan hutan di sekitar daerahnya. Dan bukan hanya
sekarang masyarakat Desa Sancang di Kabupaten Garut
minta agar perambahan dan pencurian kayu di Cagar Alam
Leuweung Sancang ditindak. Namun, desakan itu ibarat
angin lalu. Bahkan mitos masyarakat Sunda yang
melindungi kedua kawasan tersebut kini sudah porak
poranda karena mereka kehilangan jati dirinya.
___________________________________________________________
How much free photo storage do you get? Store your holiday
snaps for FREE with Yahoo! Photos http://uk.photos.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Yahoo! for Good
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

