He he...teh Mia paingan atuh pangatur acarana melong wae ka abdi, da gara gara Na.
Sanes ketah sanes abdi, tuh kang Iim ngaku ayeuna mah.
Kang Bowie hatur nuhun koreksina, Salut euy ka kang Bowie, seksi sutang soting,
aya momen penting langsung disot, kitu deui kang Rahmat anu sibuk ngabadikeun,
kajeun aranjeuna teu ka soting atanapi  teu ka poto asal baraya we panginten sugema,
hatur nuhun dipasihan cd-na, resep melong potona putrina kang Rahmat,pami dipoto teh
kumplit sareng gayana, sipotojenik tea ( leres kitu putrina kang Rahmat, punten pami lepat)
 
Nguliwed deui ka "Tipina Urang Bogor" keukeuh hoyong nganggo kecap "Na"
enya ari urang sunda mah ari teu nganggo rarangken "Na" teh asa kirang apdol,
rarangken "Na" dina hiji kecap ngandung hartos mibanda/miboga, sapertos
sawahna ( nu boga sawah) calanana ( nu boga calana/make calana).
Leres ieu teh Mpup ? kawas nu heueuh we nya padahal ngan ukur kirata.
Mpup kade tah jimat anu nuju dikandung teh teu kenging dibawa ujag ajig wae, karunya capeeun.
ka bapana tong joledar kituh longokan, mangkaning jimat munggaran hehe.
 
Kang Yosep punten mairanana diragem, sanes ngabibita eh enya  ngabibita ketah he he.
Hiduplah Tomo, hidup Sumedang, sakaruhun sareng abdi he he.
SR
----- Original Message -----
From: Mia
Sent: Wednesday, November 30, 2005 9:26 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] TIBELAT

Hmm..kanyahoan ayeuna mah..nu lepat teh kang keom eh kang syam nya...heuheuheu
da harita teh kru tv nu jangkung badag (teu terang namina da teu kantos nepangkeun)
nyarioskeun teu nganggo "NA"
Euleuh, leres kang hari rupina  teu janten atuh KUSNET lebet kana tv  :-D
 
Baktos,
Mia
 
*hapunten ka sadaya pami basa sunda abdi pabeulit*

 
On 11/30/05, Hari Wibowo <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Punten kang Syam bade ralat sakedik;

Da asanamah sanes "tipiNA urang bogor"

Tapi; "TIPI URANG BOGOR"

Teu ngangge "NA"

 

Punten ahh .. .. ..

 

Boa-boa gara-gara kang Syam salah, ke moal ditayangkeun .. .. heu heu heu

Geus kitu pang tarikna deui …

 

 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke