Sampurasun.....
Dunia pesantren kiwari keur disorot ti ditu ti dieu, jero jeung luar nagri. Persoalan klasikna di tatar Sunda anu nyebut pasantren anti budaya lokal, anti kamoderenan, pasantren teu paduli masalah sosial (ekslusif), kiwari disebut sayang teroris, jeung rea-rea deui. Jasa-jasa pasantren dina perjoangan ngamerdekakeun, nyerdaskeun masyarakat jeung bangsa, ngabina jeung sabage pilar moralitas bangsa .. jeung anu lianna, kiwari geus lantis .teu nyesa saeutik-eutik acan. Nagara kiwari leuwih percaya kana omongan Politisi luar nagri (US) tibatan ka pihak Pasantren .(Republika, Resonansi: Malaikat dan Tragedi Sidik Jari ). Dina perkara hubungan pasantren jeung budaya (khususna basa) lokal, Sunda, ceuk rarasaan, kuring wani tarohan, yen hiji-hijina lembaga pendidikan anu masih konsisten ngangge basa pengantar ku basa Sunda ngan ukur di pasantren, khususna pasantren "tradisional", dipilemburan. Ngan hanjakal teu pati dipalire ku para inohong Sunda. Babalikan dipalire malah teu arang dituduh sabage komunitas anu maehan budaya Sunda. Padahal teu saeutik budayawan jeung inohong Sunda anu dididik sarta digedekun di Pasantren . Pernah sim kuring ngobrol perkara kabudayaan (kasenian) Sunda jeung hiji Ajengan anom (sesepuh pasantren) teu jauh ti lembur kuring di Garut. Jawabanana mah memang klasik, masalah dana. Anjeuna nyangeum yen lain teu hayang jeung lain ngalarang, ngan timana waragadna jeung saha anu daek ngalatihna? Padahal kuring oge (saur eta Anjengan) osok jeung resep ngadengekeun wayang tina radio, atawa pintonan wayang di TV Atuh lamun hariringan lain lagu2 dangdut lain lagu2 nasional lain oge lagu2 barat, lain oge lagu2 Arab tapi nya hariring lagu-lagu Sunda .. Dalah pupujian anu dipake jeung sok dihaleungkeun dina speker masjid oge mangrupa pantun2 Sunda . Jadi lamun aya anu nyebutkeun Pasantren anti budaya Sunda teh eta mah anu teu apal bae kana kahirupan pasantren .. Atuh cenah, aya anu nyebutkeun yen Pasantren ngagede-gedekeun budaya Arab .ceuk rarasaan asa loba keneh pangaruh Hindu-Budha anu mangaruhan budaya Sunda mah lain budaya Arab. Da, piraku ari Adzan, Shalat jeung ritual-ibadah kudu make basa Sunda mah ?? Lamun kudu bae, ceuk rarasaan eta tuntutan teh kaleuleuwihi . Atuh cenah kitab anu dibaca oge tina kitab anu make basa Arab? Nya kudu make kitab naon atuh? Da anu make baa Sunda mah euweuh, arang langka. Sabab, lolobana kitab anu ditulis kuurang Sundana oge ditulis waktu di Arab, jeung bahasa Elmu kaislaman di Dunia Islam nya basa Arab. Lian ti eta dina make bahasa Arabna oge di pasantren lain dina raraga atawa maksud ngawilah-wilah bahasa Sunda..!!!! Eta obrolan sim kuring jeung Ajengan mangrupa intina ., rea hal lian anu diobrolkeun ku Ajengan ngeunaan budaya Sunda . Ngeunaan tuduhan yen Pasantren sabage komunitas anu ngaruksak budaya Sunda, eta Ajeungan nyebutkeun kieu: Sim kuring mah moal kapangaruhan jeung mikiran eta tuduhan..!! dipikiran oge kalah matak butak .(majar teh). Trus, ku simkuring ditanya, sayagi teu lamun pasantren diundang dina gempungan basa Sunda? Jawab eta Ajeungan naha make teu siap? Da kuring oge urang Sunda ., teu pernah ngaku-ngaku sabage urang Arab, da ngimpi oge masih keneh make basa Sunda Ngan nya ari euweuh anu ngundang mah meanya kudu nyogrog-nyogrog karep, dan urang Sunda mah taraieuh nyogrog-nyogrog karep, sanajan enya oge boga kabisa .. Lian ti eta dan teu ngarumasakeun sabage inohong Sunda.... kuring mah ngan saukur somah, jalma biasa..... Eta obrolan teh sababaraha taun ka tukang basa sim kuring keur penelitian Tesis ngeunaan papandang K.H. Hasan Mustapa. AG/Bdg... ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org! http://us.click.yahoo.com/wlSUMA/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

