kuring oge ngiring ngeusian ah....
 
Kanggo kalengkepan, pamugi para wargi kersa ngeusian oge formulir biodata di handap.

* Wasta: Maria Astati
* Nenehna: ku kulawargi mah dilandih Ia
* Alamat/ID di alam maya (pami aya, YM, alamat surelek/e-mail, ramatloka/website, jsb.):
  Alamat pangumbaraan : 3460 Laval Ave. H2X 3C8 Montreal (Que) Canada
* TTL: 514-842-2768
* Kawit: Sukabumi
* Padamelan: Sementawis ngasuh budak sareng caroge
* Kasang tukang atikan & bibit buit:
 
  Lahir di Cibadak-Sukabumi, SD, SMP, SMA di Sukabumi, Kuliah di ASMI, Jakarta. Teras kantos didamel di rupi-rupi perusahaan, diantawisna, PT. Modern Photo Industry, di jakarta, PT Sumitomo Metal Mining Electronics Parts di Cikarang, teras nu panungtungan didamel di PT Nikawa Textile Industry (sa padamelan sareng Kang Kamal)
 
Ieu mah pikeun ngabantu kana jejer lalakonna, teu langkung ari guluyurna mah:
* cukang lantaran ngumbara
* geus sabaraha lila ngumbara
* aktivitas/kagiatan
 
Kunaon pang na ngumbara?; kusabab teu aya deui jalan iwal nuturkeun caroge ka nagara asalna, seueur sababna nu akhirna abdi mutuskeun ngumbara ka nagara dimana usum tiisna ampir 7 sasih, diantawisna caroge teu gaduh padamelan di Indonesia, teras murangkalih teu tiasa janten wargi nagara Indonesia kusabab sistem di Indonesia mah anak teh ngiring ka wargi nagara ramana. Janten kacipta upami linggih di Indonesia teh, murangkalih abdi nu kaluar tina rahim abdi teh janten urang asing, nu hartosna kedah gaduh ijin tinggal di Indonesia, upami ke lebet sakola kedah ka international school, jsb jsb.., nu pastina kangge nguruskeunana teu tiasa ku artos nu sakedik.
 
Teu acan lami abdi ngumbara teh, dongkap kadieu ngawitan sasih Agustus kamari, janten nembe 4 sasihan, sanaos teu acan lami, kangge picaritaeun mah aya sakedik-sakedikmah. Contona perkawis di propinsi Quebec dimana abdi linggih ayeuna di Kanada, seueur nu teu terang yen di propinsi ieumah nu dianggo ku masyarakat teh sanes basa inggris, tapi basa prancis, masyarakatna ampir 90 percen tiasa basa prancis, komo saurnamah langkung prancis tibatan basa prancis di nagara prancis. Nu janten masalah propinsi ieu hoyong misah ti nagara Kanada, tos 2 kali diayakeun referendum, tapi masih keneh eleh ipis enol koma sababaraha persen wae dina referendum nu kadua kinten-kinten taun 1995 atanapi 1996 kitu, hilap. Nu dijantenkeun masalah kunaon hoyong misah teh nyaeta kulantaran basa, ku pamarentah kanada basa prancis kirang di perhartoskeun, contona di sakola sakola di propinsi sejen teu aya sakola prancis, tapi di propinsi quebec mah aya sakola inggris, nu paling terkenal di montreal aya universitas Mc Gill (universitas nu nganggo basa inggris, seueur mahasiswa s2, s3 ti IAIN sakola didieu, nu saurna fakultas hukum islam nu paling lengkep di dunia) janten licik tea kitu panginten, oge kitu deui upami urang kanada- inggris (warga minoritas) carang nu tiasa basa prancis, tapi sabalikna urang kanada-prancis tiasa nyarios basa inggris. Abdi gaduh tatanggi (kawitna ti amerika) nu saurna tos linggih di montreal ampir 30 taun, dugi ka ayeuna teu tiasa basa prancis, janten upami kamana-mana teh, batur wae nu kedah tiasa basa inggris upami nyarios sareng anjeuna, piraku salami 30 taun ngan tiasa nyarios ``bonjour`` hungkul. Teras upami aya konferensi perkawis basa di dunia, basa prancis ti Quebec tara diilukeun, Sieuneun lami-lami basa prancis leungit teras we akhirna hoyong misah ti nagara Kanada. Cobi we geura upami hoyong imigrasi ka kanada (da di nagara ieumah masih keneh nampi imigran) rada benten syarat-syaratna sareng nu hoyong imigrasi ka Quebec, aya syarat dimana kedah tiasa basa prancis nu hoyong dongkap ka propinsi ieumah. Tah kumaha sareng urang sunda, kedah misah wae kitu ti NKRI, meh basa sunda teh  teu leungit oge tetep dianggo ku generasi salajengna.
 
Aktifitas abdi ayeuna nyaeta ngurus murangkalih we da masih keneh alit (8 sasih), teras ngiring kursus basa prancis saminggu sakali, nu sanesna padamelanana nongkrong dipayuneun komputer noongan milis urangsunda. Sababaraha kali tos tepang ketah sareng masyarakat indonesia nu linggih didieu dina acara buka puasa nu kalangkung, sareng halal bihalal, alhamdulillah balalageur gening, ngan hanjakal urang sundana saalit, komo seuseueurna teu tiasa nyarios sunda deui, aya nu kawitna ti Cisaat (malihan upami ditingali dina pancakaki mah masih keneh wargi), basa harita mani asa waas tiasa nyarios nanggo basa sunda sareng anjeuna, tapi moal lami deui anjeuna bade wangsul da kuliahna sakedap deui rengse. Saleresna mah salian ti kang Kumi sareng Neng Puppy, abdi oge sami mendak sareng mantan kabogoh teh di milis urangsunda, malihan tiheulaan abdi nikahna, ngan seueur nu teu terangeun panginten. Nu hoyong uninga kumaha tiasa tepangna sareng mantan kabogoh urang asing di milis urangsunda, mangga japri wae ka abdi, bilih aya nu panasaran he..he..he..
Insya Alloh sanaos abdi linggih di nagara nu tebih pisan (minggu nu kalangkung abdi tos resmi nampi permanent residence didieu) abdi moal hilap ka basa sunda, nu matak abdi masih rajin noongan milis urangsunda, komo bade diterapkeun oge ka murangkalih abdi, supados upami mudik ka sukabumi teh murangkalih abdi tiasa komunikasi sareng aki-ninina, bibi2na, ua2na, sareng misan-misanna.
 
Mung sakitu, hatur nuhun.
Kangge kang Kumi, upami tos medal bukuna, ulah hilap sesakeun kangge abdi, ke pami mudik dicandak ku abdi ka bandung oge upami aya buku-buku sunda pedaran enggal sesakeun oge kangge abdi, sakantenan ngalongok si utun inji.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke