|
waalikum salam wr.wb.
Kang Kumi mngga nyanggakeun;
wasta
: Tito Suryana, SE
Nenehna
: Tito
Alamat ID
: [EMAIL PROTECTED]
TTL
: Bandung, 15 Juli
1958
Kawit
: Cicadas-
Bandung
Padamelan : PT.
TELKOM KANDATEL Surabaya Barat
Divisi Regional V Jawa Timur
Kasang Tukang atikan ;
SDN di Bnadung
SMPN di Bandung
SMA X N di Bandung
D3 Tehnik Industri AI&N
Jawabarat di Bandung
S1 Ekonomi UNBAR di Bandung
Bibit buit : Rama asli Sumedang,
Ibu asli Cicadas Bandung
ngumbara ka surabaya sahih Juli 1995 kulantaran
mutasi tiKantor Pusat PT. TELKOM Bandung tug dugi kaayeuna.
Pangalaman :
Ngawitan mutasi ka surabaya rada haringhang margi
teu acan biasa ngumbara ka luar bandung nmgan untungna gaduh bojo ka urang jawa
nu tos biasa ngumbara ti keur lulus SMP jadi rada reugreug.
ti saprak pindah damel ka surabaya langsung
sakulawarga di ringkid.
Alhamdulillah rejeki sareng kahirupan pendakna di
surabaya, kulawarga tos betah bumen-bumen di surabaya samalah barudakmah sareng
bojo alim uih deui ka Bandung.
Tah sakitu weh anu tiasa kasanggakeun janten teu
aya pangalaman anu luar biasa, ngan tiasa di candak hikmahna reh na dimana wae
urang ngumbara asal tiasa ngigelan jaman sareng nempatkeun diri INsya Allah
urang tiasa ditampi ku masyarakat di pangumbaraan.
* malah sabaraha kali uwa di piwarang janten ketua
Rw atanapi RT ngan uwa nolak wae paling nyanggupan jadi pangurus Rt sareng RW
lantaran can siap jadi Ketua RW mah.
Hatur Nuhun,
Wassalam
baktosna,
Tito Suryana.
Catetan :
aya sababarha kagiatan anu teu tiasa di lakonan di
surabaya sapertos dibandung kantos janten :
1. Ketua Gugus Depan Pramuka
2. Sekretaris PTMB/Tenis Meja Bandung
Raya
3. Sekretaris Telkom Shooting Club
(perkumpulan olah raga menembak TELKOM)
4. Aktif di PERBAKIN
5. Pengurus Marching Band PT. TELKOM kantos
manggung di Istana Negara sareng TMII
|
- [Urang Sunda] Urang Sunda Ngumbara Nenny Nenden Nenong
- Re: [Urang Sunda] Urang Sunda Ngumbara -> Kang... joko tingkir
- [Urang Sunda] Urang Sunda Ngumbara Budhi Setiawan
- Re: [Urang Sunda] Urang Sunda Ngumbara Tatang Sariman
- Re: [Urang Sunda] Urang Sunda Ngumbara ukas
- [Urang Sunda] urang sunda ngumbara Maria Astati
- Re: [Urang Sunda] urang sunda ngumbara mamat rachmat
- Re: [Urang Sunda] Urang Sunda Ngumbara Tito Suryana
- Re: [Urang Sunda] Urang Sunda Ngumbara ->K... joko tingkir
- Re: [Urang Sunda] Urang Sunda Ngumbara -&... Tito Suryana
- RE: [Urang Sunda] Urang Sunda Ngumbar... Yosep Hania
- Re: [Urang Sunda] Urang Sunda Ng... Tito Suryana
- Re: [Urang Sunda] Urang Sunda Ngumbara joko tingkir

