Saleresna mah "kawin kontrak" jeung urang asing nu keur digawe di Indonesia, 
kajadian nu biasa-biasa wae. Baheula di kantor kuring aya expert urang 
Jepang nu cicing di Bandung meunang sataun. Manehna salian ti ngontrak imah 
oge "ngontrak" awewe urang Banyuwangi satauneun. Umumna expperariat asing nu 
asalna ti Asia Timur nu resep ngontrak awewe teh : Jepang, Korsel atawa 
Taiwan. Tapi aya bentenna, urang Asia Timur biasana ukur ngontrak sanes 
ngawin, jadi ieu mah tiasa disebat "kumpul kebo".

Kasus urang Arab di Sukabumi/Cianjur benten deui, ieu diresmikeun make 
"ritual" kawin. Aya Panghuluna (tapi sanes KUA), aya walina jeung aya 
ijab-qobulna. Jadi ceuk agama mah  ieu teh kawin sah jeung halal sanajan teu 
aya wakil ti nagara (petugas KUA). Tapi ieu sakaterang kuring, manawi aya 
baraya anu langkung terang masalah sah henteuna "perkawinan"? .  Atuh dina 
pepegatanana, cukup  neangan saksi keur nyaksian, teu kudu ka Pangadilan 
agama sagala, terus ngucapkeun "maneh ditalak hiji /dua/tilu'. Sah jadi 
pepegatan. Didieu katingali agama dianggo "bungkus" keur hal anu sabenerna 
mah patulang-tonggong jeung moral agama sorangan (ieu oge ceuk kuring, da 
aya geuning anu gaduh pamandegan benten).

Awewe nu di kontrak si "sipit" biasana sanes urang kampung dusun- meledug, 
tapi awewe nu pagaweanana memang kitu (umumna PSK bin pelacur). Masyarakat 
umumna nganggap eta teh pagawean goreng, ngan jelema anu minculak we daek 
ngalakukeun kitu. Biasana masyarakat rada sinis kana "kawin kontrak" model 
kieu. Tapi "kawin kontrak" nu dibungkus ku "agama", umumna dianggap wajar 
jeung henteu salah, masyarakat narima. Tah umpama masyarakat narima, nagara 
kudu tanggap, nyieun undang-undangna keur "kawin kontrak", supaya puguh. 
Pangpangna mah keur kapentingan awewe nu dikontrak, supaya teu dirugikeun.

Perkawis akhlak? ......... akhlak mah relatif kumaha masyarakatna. Tingali 
we si Arab nu wantun ngalaporkeun Desy (15 taun) ka pulisi, da cenah teu 
parawan deui. Teu sadar di Indonesia teh aya Undang-Undang Perlindungan Anak 
jeung Undang-undang Perkawinan. Teu sadar, keur urang Indonesia mah 
ngamasalahkeun parawan henteuna teh, kurang etis, komo bari mamawa pulisi 
sagala. Si "Arab" poho, ieu lain di lemburna!. Urang Arab eta bisa ditewak 
kulantaran ngalakukeun hubungan sex jeung budak, panghuluna ge (Ustadz) oge 
sami kuduna dihukum da mere fasilitas. Lamun teu salah Undang-undang 
perkawinan di urang, syarat panganten awewe teh 17 taun. Upama umurna 
kirang, tiasa, tapi kedah aya syarat2na. Teu apal kuring mah, tapi supaya 
teu hese, loba nu malsu umur panganten awewe teh, supaya gampang di KUAna.

 Hehehehe ...........ngacapruks deui ..........

Baktos,
WALUYA


----- Original Message ----- 
From: JUHARA
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Friday, December 16, 2005 11:46 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Lalakon Urang Arab "meuli" kaparawanan wanoja 
Sunda


Satujulah, tapi teu aya urusan jeung agama, ieu mah urusan moral 
..............dan........kemiskinan .............!
Di China oge seur anu kieu, di Rusia oge seur......., agamana mah rupa-rupa, 
aya anu Budha, aya anu Kristen.....
Agama mah dipake alesan wae, supaya teu ngarasa dosa teuing.................



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital.
http://us.click.yahoo.com/f4eSOB/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke