Punten ah bade ngiring mairan...
Leres pisan Teh, aya hubungan sareng agama, utamina
Islam, da mayoritas penduduk di nagara urang mah pan
ngagem agama Islam.
Mung, Islam di dieu Islam nu salah, utamina salah
nafsirkeun ayat-ayat nu aya dina Qur'an sareng Hadist.
Eta mah duka salah dihaja, duka memang leres-leres teu
ngartos kana naon anu dimaksad dina Qur'an.

Salah tafsir nu aya diurang, komo dijaman kiwari mah,
utamina mah seueur nu ngangken ustadz, kyai, jst, nu
teu 'cukup' elmu kanggo ngaguar ayat-ayat nu aya dina
Qur'an. Saperto nahwu-sharaf, mantek, jst. Padahal
elmu-elmu bieu peryogi pisan kanggo 'ngaping -
ngajaring' sing saha-saha wae nu bade
ngaguar/nafsirkeun ayat-ayat Al-Qur'an.

Perkawis salah tafsir nu dihaja mah, eta mah
nafsirkeun Qur'an numutkeun nafsu nu aya dina hate
masing-masing. Perkawis poligami contona, di Islam
memang diwenangkeun hiji pameget nikah ka 4 istri.
Mung hanjakalna ayat nu ngaguar perkawis ieu ngan
diguar semet ka wenang nikah ka 4 istri wungkul.
Padahal sarat-sarat ngawayuh teh kacida abotna, sarat
nu utamina kedah adil. Adil tea atuh, sesah
nangtoskeunnana. Sareng da dina ayat eta ge
disebatkeun yen monogami jauh leuwih hade batan
poligami.
Seueur deui ayat-ayat nu ditafsirkeun sakahayang nafsu
pribadi atanapi kelompok, kukituna rupina urang nu
ngangkeun Islam teh kedah pinter-pinter milih,
langkung sae deui mah pinter dina elmu Islamna.

Hapunten ka baraya sadayana, ieu mah mung sakadar
opini ti sim kuring. Sanes sim kuring ngaraos pinter
dina masalah agama, sim kuring yakin di milis ieu
seueur nu langkung pinter dina masalah ieu. Sakali
deui kuring mah ngan saukur ngedalkeun naon-naon nu
aya dina manah kuring, mugi-mugi teu kacampuran ku
niat nu teu hade nu bijil tina napsu pribadi kuring.
Cag...


Baktos,
Hedy Indrayana

P.S Wilujeng ngalaksanakeun ibadah Haji ka baraya nu
bade angkat taun ieu, mugi dipasihan kakiatan sareng
ka ikhlasan dina ngalaksanakeunnana, digampilkeun dina
sagala rupina, dihapunten samudaya kalepatan, nu
anyar, nu heubeul, nu karasa, nu teu karasa, nu gede,
nu leutik, sareng janten Haji anu mabrur. Ka baraya nu
teu acan (kalebet sim kuring), mugi-mugi tiasa enggal
nyusul 

--- Maria Astati <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> saur saha teu aya hubunganana akang?? atuh panginten
> upami leres mah dihulag ku agama, meureum moal rea
> pisan kajantenan kawas kitu, nya neda dihapunten we
> upami emang teu aya hubungananmah.., mung nu kadangu
> ku kuring nu tos lami dumuk di sukabumi, perkara ieu
> tos dianggep biasa ku masyarakat, malihanmah
> nyariosna teh, keun wae atuh lah da ``halal
> ieuh``ceunah saur ustadz ge, tah numatak abdi mah
> janten nyerat aya hubunganana sareng agama teh kitu
> akang, komo pan saurna di arabmah cenah kitu oge, nu
> kawas kitu teh memangna dihalalkeun ku agama, tah
> janten aya pan hubunganna nya akang??? (maksa ceuk
> si akang teh).
> Tos atuh ah.. milari deui topik nu sanes,
> nyarioskeun nu kawas kieu mah biasana tara
> beres-beres, kawas nyarioskeun nikah siri kangge
> istri kadua, katilu, kaopat.
> 
punten diteukteuk

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/wlSUMA/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke