|
Punten
ahh...bade nga respons... heuheuheuheu :p
Baktos,
Çéçép
Wahyu
Anu dipikaijid ku
pamajikan
- Dicandung [Kang
Ule] Berarti lewih suka disalingkuhkeun ;)
- Salaki beger deui [Kang
Ule] tong boga salaki anu normal
ateuh..heuheuheuheu..;p
- Manggihan SMS mesra tina henpon salaki, narima
telepun anu rada genit, ti istri nu teu dikeunal [Kang
Ule] ahh...kan bisa wae babaturanna, pasifatan jalmi mah kan benten
benten..timburuan teuing wae etamah anu jadi jikunna!!
- Dibohongan kunu jadi salaki [Kang
Ule] kadang2 bohong kanggo kasaean mah kan dihalalkeun..muhun
kasaean anu jadi salaki, ngarah aman
- Salaki indit ti imah teu bebeja heula kanu
jadi pamajikan [Kang Ule] Jikun abdi mah teu ijid ngan sok
ngingetan wae.. ( sami teu ngingetan jeung ijid?? )
- Salaki hoream mun dipenta tulung nganteur
ka Toserba/Mol[Kang
Ule] Ehm... milari wae ateuh rencang anu sanes...
heheee
- Salaki loba nitah, padahal apal pamajikan keur
rariweuh ku budak atawa pagawean [Kang Ule] Ieu mah teu aya komentar
ngiringan Neng Dessy Ratnasari wae..
- Salaki indit-inditan leuwih ti tilu poe (komo
mun inditna jeung babaturan kantor salaki nu istri) [Kang
Ule] acan ngalaman eung...
- Salaki horeaman mun dititah nyekel budak
[Kang
Ule] tah meun ieu mah satuju...Bapak teu
uyahan...
- Salaki resep bagadang, ngaronda, komo bari "maen
kartu" [Kang Ule] LEbar padahalmah daripada Begadang menfding ngekeupan
budak jeung indungna
- Salaki nu teu balaka kana jumlah panghasilan
(resep nyimpen "Duit Jalu") [Kang Ule] Jujur teuing mah ateuh moal
aya uang bensin jeung roko
- Mun seug manggihan istri nu rada herang di
jalan, salaki sok culang-cileung [Kang Ule] berarti tandana masih
normal, jikun abdimah malah sok nunjukkeun...
- Salaki nu sok moyok (terus terang teuing) kana
waruga nu jadi pamajikan [Kang Ule] Tengetkeun heula naha moyok
ngewa atawa moyok jang kasaean...
- Salaki nu sok moyok kana pasakan
pamajikan [Kang Ule] Tara euy, jikun abdimah ngarti meun
abdi nyebat lumayan, terus makanna ngan sakedik..berarti aya anu
kurang...
- Salaki nu tara mere komentar, mun pamajikan tas
dangdan (berhias diri) [Kang Ule] komen na naonnya, da uingge
resep anu asli tanpa polesan make up!
- Salaki nu sok ngadongengkeun kabogohna basa
baheula [Kang Ule] duka tah da tara...meun kabogoh anu anyar
pernah..heheee
- Salaki nu sok embung ngombehan budak,
ngabajuan/nyalanaan budak mun tas BB atanapi tos ibak [Kang
Ule] tah ieu oge salaki nurus tunjung...
- Salaki nu tara daek ngahuapan budak [Kang
Ule] sami jeung no 17
- Mun pamajikan keur geuring, tara
diperhatikeun [Kang Ule] sami jeung no 18
- Mun Pamajikan keur geuring embung ngejo-ngejo
acan, komo kukumbah piring jeung nyeuseuh mah [Kang
Ule] masak rumaos teu bisa, meun nyeuseuhmah sudah
biasa..
- Salaki nu tara ngarti (sok mamaksa) mun
pamajikan keur "Hoream" [Kang Ule] duka tah ieumah... da teu
kedah maksa ateuh..siap sayogi.. naon kitu ieu teh?
- Mun pamajikan keur "Hayang" salaki sok
pura-pura sare tibra. [Kang Ule] ehm..lebar wae dianggurkeun..mendingan
sikat langsung..;p
- Salaki nu koret [Kang
Ule] teu rumasa... da harta salaki sami oge harta
jikun..
- Salaki nu sok embung ngelehan (egois)
[Kang
Ule] Heuheuheu..lolobana abdi anu ngelehan..
- Salaki nu sok ngomongna sa bedug sakali
[Kang
Ule] boa keur sariawan ateuh....
- Mun dititah balanja sok tara tuwar-tawar, komo
mun seug pelayana bahenol, [Kang Ule] tara euy balanja soranganmah
saprak boga jikun...
- Lah..pokona mah loba keneh......sok
teruskeun.....................[Kang Ule] alim ah..ku mairan oge tos rieut... heuheuy
deuh....
Kebo Hideung
Tasik
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- RE: [Urang Sunda] Anu dipikaijid ku pamajikan Cecep Wahyu
-