Haturan baraya sadaya,
 
Seja ngalaporkeun kamekaran pabukon (perpustakaan desa) Simpay Katresna - YP-KUSnet (Pasaka). Sakumaha geus diiberkeun ku MJ, program pabukon anu anyar teh rek dibuka di Ciamis, di desa si kuring jeung di sababaraha tempat sejenna anu diluluguan Kang Sonny jeung Kang Runa.  Kurang leuwih saminggu ka tukang, MJ nga-sms ngawartosan yen buku keur muka pabukon di Ciamis tos siap, kantun nyandak. Nya jangjian jeung MJ poe Kemis, 29 Desember 2005 buku teh sangkan di kakantorkeun sabab dina poe eta ba'da lohor si kuring ngarencanakeun ka Ciamis, acara maneuh ngalongok pun biang, sakalian mawa buku keur pabukon tea.
 
Alhamdulillah, rarancang muka pabukon di Ciamis teh teh lumangsung sakumaha anu dirarancang. Poe Kemis tea, tengah poe MJ ka kantor, malah harita buku dititipkeun di frontoffice kantor jalaran sim kuring keur ka luar kantor. Atuh pasosorena si kuring jadi miang ka Ciamis bari mawa buku titipan ti MJ tea. Isukna, poe juma'ah, ba'da juma'ah si kuring geus ngaresmikeun pabukon di desa Lumbung, Kacamatan Lumbung, Kabupaten Ciamis.
 
Pabukon anu diadegkeun di Lumbung teh diaranan "Pasaka Sedasakti". Ngaran Pasaka sakumaha usulan ti YP-KUSnet anu minangka singgetan tina "Pabukon Simpay Katresna". Anapon "Seda Sakti" eta ngaran PKBM (Pusat Kagiatan Belajar Masyarakat) di Desa Lumbung. Ngahaja, keur sawatara waktu mah pabukon di Lumbung teh dikantetkeun (gawe bareng) ka PKBM anu aya di desa eta kulantaran sababaraha timbangan: lokasi tos sayogi, aya anu ngokolakeunana, oge sami2 lsm.
 
Pangurus PKBM Sedak Sakti, anu diwakilan ku Kang Ono, babaturan ti keur leutik keneh, nepi ka sababaraha kali nganuhunkeun ka YP-KUSnet anu parantos kersa muka pabukon di Lumbung. Atuh pamugi wae kapayun ti KUSnet aya lajuningkalu kanggo kerjasama sareng PKBM dina raraga ngalaksanakeun garapan sanesna, kayaning: PAUD (pendidikan usia dini), KF (Kegiatan Fungsional), Life Skill, Pusat Informasi Desa, jrrd.  Sugan wae YP, BMRC atawa lembaga-lembaga sanesna anu lahir tina rahim KUSnet tiasa neraskeun kagiatan-kagiatan sanesna ieu.
 
Rupina sakitu wae heula laporan pabukon anu nembe dibuka di Desa Lumbung, Kec. Lumbung, Kab. Ciamis. Anapon lokasi Desa Lumbun teh ti Kota Ciamis ka jihat Cirebon, terus ka jihat Panjalu kl 25 km; pernahna pisan antara Kawali - Panjalu. Mangga ieu alamat kontak Pasaka Seda Sakti Lumbung: Ono Fudholi, Spd, HP: 081322176864; Tlpn: 0265791440 atawa kontak ka si kuring oge tangtu diwalonan.
 
Cag.
baktos,
manAR
 
 
 
 
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to