Ieu
mah sanes ti ahli, sakadar ngiring icikibung wae. Dibabaran wae nya handapeun
anu ti kang Cecep (anu keur pere, nyandak "cuti mingguan" atawa
"cuti bulanan" ieu teh? :)), keur ngalegaan kosa kata (upama aya, eta
oge):
definis kecap panganteur
na tos cekap nyumponan anu dimaksud.
jrut
=> turun - ari naek naonnya kecap panganteur na?
"jrut" keur
"turun" sakapeung sok dipake oge "jut", conto: barang
ningali susukan (kamalir), jut manehna turun" (Kang Cecep, kade nya
menggel kalimahna ulah salah)
clek
=> calik / tumpak.. biasana dina motor/ becak
==>Asana kecap
"clak" lebah dieu merenah keur panganteur
"tutumpakan": Clak tumpak. Anapon keur "calik" (diuk) mah
panganteurna teh "gek" tea: gek diuk.
jol
=> datang .. jrrd ( jeung rea rea deui )
==> "jol"
lamun teu salah singgetan tina "torojol". Larapanana tos leres.
==> ieu oge leres,
gutrut nulis,
teras sababaraha harti
tina kecap anu ditaroskeun
wanoh =
Kenal, ngawanohkeun = Ngenalkeun, wawanohan = Kekenalan / perkenalan
genggerong
= Tenggorokan * conto anu ngangge kecap ieu nyaeta " Heuras genggerong
" anu nunjukkeun jalma anu sok huak haok.. ngomongna gede alias sok
bebentak..
katelah
= dikenal dengan / disebut dengan
Serelek =
Serat elektronik tina e-mail meun di indonesiakeun kan Surat elektronik..
nyigeung
= menyinggung ( perasaan )
===> kanggo
"katelah" tiasa dianggo padanana: kawentar, kakincara, kondang
Anjirrr...
edun euy uing.... kanu ahlina punten panglereskeun bilih aya anu lepat atanapi
kirang naon anu dijelaskeun ku abdi ka kang Irwan.. bilih keh dituntut
informasi menyesatkan tea.. heuheuheuheu...... Apih, kenging peunteun sabaraha
yeuh abdi?
Çéçép Wahyu katelah
" Ule"
===>Sakitu wae heula.
Kanggo informasi anu langkung lengkep ngeunaan unak-anik rarangkeun jeung
aturan basa Sunda sejenna dina wanda (gaya bahasa) anu leuwih ngepop tiasa
dipariosan buku anu judulna "Peperenian".
Ka Kang Aa, muga ulah
alit manah, sami kuring oge ti Ciamis asal mah jeung tadina oge sami, teu pati
bisa ngagunakeun basa Sunda.