wilujeng ah..kang.. mugia sing dipaparin kabarakahan dina sesa yuswa anu aya..
resep kana ngaguluyurna seratan akang kuring mah.
sugan tiasa nurutan...
 
dudin
----- Original Message -----
Sent: Friday, 13 January, 2006 15:56
Subject: Re: [Urang Sunda] Iber Milangkala (KEOM)

Hatur nuhun Apih kana pidu'ana kitu deui ka wadia balad kusnet katampi pisan kalayan kabingahan sagala pidu'ana, mugia kasaean eta dibales anu mangpirang pirang.
 
Saleresna gubrag kaalam dunya teh sapoe reujeung jeung Mick Jagger, ngan beda taun. Matakna mun can nyaho ramalan bintang teh sok ngahaja nanyakeun ka Mick Jagger da sarua Capricorn he he. Angka 13 teh najan ceuk batur kaasup angka sial tapi ceuk kuring mah angka karamat, malahan mun nanaon sok kudu aya angka 13an, kaparengan tinomer tabungan nepikeun ka nomer hp aya 13an, sok ambek mun naek lift tara manggih angka 13an, rajeun aya sok diganti ku 12A. Beu ! Baheula ku resep resepna ka angka 13, boga kabogoh ge hayang nu karangna aya 13, enya we  manggih, ari pas diitung teh enya aya 13 tapi campur jeung kutil, bedo we !
 
Mugia ka uninga ka baraya  Keom Funs Club (KFC) tadi teh tos dikintun ka MJ drap Keom Sakedap, aya dua babak, babak kahiji aya 112 judul, babak kadua 54 judul, ieu teh naur jangji da baheula ocal ocal bade dibukukeun. Duka ku MJ bade dibukukeun duka jeung nyingsieunan beurit...hehe.
SR
 
 
 
----- Original Message -----
Sent: Friday, January 13, 2006 1:53 PM
Subject: [Urang Sunda] Iber Milangkala

Dinten ieu ping 13 Januari, wargi urang saderek Syam Ridwan milangkala.
"Wilujeng Milangkala ka saderek Syam Ridwan" mugi salamina aya dina kucuran rahmat Allah SWT. ditebihkeun tina sagala rupi cocobi sareng kaawonan, dicaketkeun kana sagala rupi kasaean sareng kabagjaan.
Amiiinn ya robbal alamiinnn...
 
ssw


 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke