Kang Syam...
Wilujeng milangkala, mugia digurujug Rohmat sareng Barokah
ti Gusti Alloh, dipanjangkeun yuswana, diparekeun rizkina,
sareng ditebihkeun tina gogoda...komo gogoda ngawayuh mah...
sanés teu kenging...ngan engké, abdi heula... 
heu heu..

Pas pisan ayeuna geuning..Friday 13th...
angka nu ka-ambeuna rada mistik...

Bae telat oge, sapoe jeput ngan tu'ang to'ong ka warung wungkul.
ka lembur mah teu dilieuk-lieuk acan.

-dul-

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "syam ridwan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Hatur nuhun Apih kana pidu'ana kitu deui ka wadia balad kusnet 
katampi pisan kalayan kabingahan sagala pidu'ana, mugia kasaean eta 
dibales anu mangpirang pirang.
> 
> Saleresna gubrag kaalam dunya teh sapoe reujeung jeung Mick Jagger, 
ngan beda taun. Matakna mun can nyaho ramalan bintang teh sok ngahaja 
nanyakeun ka Mick Jagger da sarua Capricorn he he. Angka 13 teh najan 
ceuk batur kaasup angka sial tapi ceuk kuring mah angka karamat, 
malahan mun nanaon sok kudu aya angka 13an, kaparengan tinomer 
tabungan nepikeun ka nomer hp aya 13an, sok ambek mun naek lift tara 
manggih angka 13an, rajeun aya sok diganti ku 12A. Beu ! Baheula ku 
resep resepna ka angka 13, boga kabogoh ge hayang nu karangna aya 13, 
enya we  manggih, ari pas diitung teh enya aya 13 tapi campur jeung 
kutil, bedo we !
> 
> Mugia ka uninga ka baraya  Keom Funs Club (KFC) tadi teh tos 
dikintun ka MJ drap Keom Sakedap, aya dua babak, babak kahiji aya 112 
judul, babak kadua 54 judul, ieu teh naur jangji da baheula ocal ocal 
bade dibukukeun. Duka ku MJ bade dibukukeun duka jeung nyingsieunan 
beurit...hehe.
> SR
> 
> 
> 
>   ----- Original Message ----- 
>   From: Siddik Wiradireja 
>   To: urangsunda@yahoogroups.com 
>   Sent: Friday, January 13, 2006 1:53 PM
>   Subject: [Urang Sunda] Iber Milangkala
> 
> 
>   Dinten ieu ping 13 Januari, wargi urang saderek Syam Ridwan 
milangkala.
>   "Wilujeng Milangkala ka saderek Syam Ridwan" mugi salamina aya 
dina kucuran rahmat Allah SWT. ditebihkeun tina sagala rupi cocobi 
sareng kaawonan, dicaketkeun kana sagala rupi kasaean sareng 
kabagjaan.
>   Amiiinn ya robbal alamiinnn...
> 
>   ssw
> 
> 







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke