|
muhun kitu, ari di Manado mah,abdi tos 7 tahun di
Manado,ari titingalian di pasar sanes beurit wae,aya kalong,anjing,babi mah geus
puguh,ucing oge aya nu resepeun,tapi beuritna beurit leuweung sanes anu di
solokan atanapi di bumi,rata-rata di beuleum,saurna rada
kesed,he..he
----- Original Message -----
Sent: Monday, January 16, 2006 4:20
PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Syok karena
Bakso tikus...
Lèrès bah, di Manado mah beurit teh janten rencang sangu.
Abdi kantos ningali di TV7 upami teu lepat mah,2 minggon kalangkung
Sanajan geuleuh ge panasaran, janten si beurit teh di peuncit,
di kaluarkeun kadutna, di beuleum siga jagong, karak di bersihan/di
kèrok.
teras di potong2, di goreng,teras di kecapan, siga hayam di
kecapan.
Tah ayeuna, gara2 ningali acara eta, upami ningali hayam di kecapan sok
emut ka beurit :-D
~mia~
On 9/12/05, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
Baso
beurit? .....sedap atuh ...hehehehe. Kade ah bisi persaingan bisnis.
Karunya nu boga warung basona, engkena jadi teu payu padahal acan puguh
basona tina beurit.
Dongeng soal daging beurit, urang Manado mah
beukieun pisan. Beuritna teh beurit sawah, rada galalede. Cara ngalana
dipuput liangna, tepi ka beurit teh lieuran, kalaluar, tinggal newakan.
Masakna? duka atuh, ngan aya carita ti babaturan waktu kuring ka
Minahasa. Ceuk manehna, manehna kungsi utah uger gara-gara pangangguran
eureun sisi jalan ngadon jajan jagong beuleum. Jagong langsung didahar
didinya. Pas rarat-reret ka jongko nu dagang, katingali aya nu keur
dibeuleum, disidik-sidik geuningan lain jagong, tapi ....beurit. Atuh
batur kuring teh langsung murel, lumpat ngajauhan nu dagang, ....borolo
weh utah!
Baktos, WALUYA
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|