Hemmm........? teureuh
Pajajaran.......?
atuh aya turunan Mahmud oge...? boa-boa masih keneh
wargi na sareng sim kuring.
S M Natapradja
----- Original Message -----
Sent: Saturday, January 21, 2006 4:52
AM
Subject: Re: [Urang Sunda]
Nepangkeun
Wilujeng tepang sareng nepangkeun oge ieu sim kuring wasta teh
Sujalma ari nganjrek di Mojopahit, ari teureuh Padjadjaran, nya atuh jelasna
mah nuju aya di Mojokerto Jawa Wetan namung gaduh garwa urang
Mojopahit upami hoyong terang abdi nu goreng patut mah mangga we atuh amengan
da ari cai-cai wae mah aya , ari lahir mah abdi teh di Lembang, di Batureok
saur pun Bapa mah, cag heula baraya.... padamelan biasa wae tukang internet
aalitan ...
On 1/20/06, DSW
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
wilujeng
tepang Yi Ari (kuring 30 tahun..he..he..) sok sing betah tumaninah di ieu
babakan.. seueur jalmi jembar ku elmu anu bakal nambihan elmu pangaweruh
urang... sanajan kuring mah mimindengna noongan
wungkul..
dudin purwakarta
----- Original Message
----- From: "Ari R. Fikri" <
[EMAIL PROTECTED]> To: <urangsunda@yahoogroups.com> Sent: Thursday, 19
January, 2006 09:44 Subject: [Urang Sunda] Nepangkeun
>
Sateu acanna sim kuring nyungkeun panghapunten ti para wargi sadaya,
ku > margi basa > Sunda sim kuring kacida awonna. Janten upami
aya lepat-lepat kecap atanapi > pamaksadan > supados ngamaklum
sareng kersa ngoreksi/ngalereskeun. > > Nepangkeun Sim kuring
wasta Ari R. Fikri, linggih di Ciwidey anu kawentar > ku situ
Patenggangna. Dupi yuswa nembe 27 tahun, parantos nikah, sareng ku >
Gusti > nu Maha Suci di percanten amanah kagungan putera hiji nu yuswa
na nembe > opat > sasih. > Padamelan kuring software
developer nu kantorna namina SET-INDO di Buah > Batu, Bandung.
> Nampi info tina milis koran PR, yen geuning urang sunda teh aya
porumna, > janten nyobian > hoyong ngiringan kana milis
ieu. > Ari tujuan sim kuring ngiringan milis ieu teh, bade balaka we,
ku margi > basa > sunda sim kuring kacida > awonna, bari
di borojolkeun sareng di ageungkeun mah di tatar sunda, > sadidinten
malah nyangem > basa sunda, malah mah teu acan kantos ninggalkeun
pulau Jawa, tapi upami > nyangem nganggo > undak-usuk basa mah
kacida ngisinkeunna. Eleh ku para wargi anu tos > ninggalkeun tatar
Sunda taun-taun > ngumbara di nagara deungeun. Ku margi kitu
sugan-sugan ku jalan ngiring > milis ieu basa sunda sim
kuring > tiasa improve (naonnya basa sunda na ?), sareng nambih dulur
urang Sunda > di > sakuliah dunya. > > Mugi-mugi
wargi sadaya kersa nampi sim kuring lebet kana milis ieu. > >
Wassalam, > > Ari R.
Fikri > > > > > > > Komunitas
Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id >
>
Yahoo! Groups Links > > > > > > >
-- Ema
Sujalma www.killermart.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|