Kang Syam, lamun nu noel teras ngahipnotisna Dian Sastro nu dipuj-puja ku kang Syam kumaha tah...hehehe kanténan wéh ditampi,...sanes kitu kang ??? :b
-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of syam ridwan
Sent: Friday, January 27, 2006 10:57 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] NOEL

Lamun urang keur dimana wae heug ujug ujug aya nu noel,tur nu noel eta langsung barang penta kalayan tanpa sadar sagala pamenta eta kuurang dihayonan, tandana urang geus keuna ku hipnotis. Mangkana mun aya nu noel ti wangkid ayeuna kudu waspada tur ati ati, ngan ulah ari kaleuleuwihi mah,sabab teu kabeh nu noel tur dituntungan kubarang penta nek ngahipnotis, boa eta mah kondektur beus anu nek menta ongkos. Enya mun inget kadinya matak maruringkak bulu tuur. Sieun aya nu noel! Coba we mun urang keur ngeunah ngeunah ngamomoy es bon bon heug ujug ujug aya nu noel, tanpa sadar es bon bon anu keur dimomoy teh dibikeun tur langsung dihuapkeun ku nu noel. Sanggeus kitu, bari namprakeun leungeunna, nu noel ngomong kieu "Lagih donk!" lantaran es bon bon anu bieu dihuapkeun teh kagelong. Tuh nya pan sieun, sieun lalagiheun. Tapi aya deui nu leuwih muringkak, cenah gara gara ditoel "reuneuh", ah maenya? Tah eta mah jawabanana mung aya di buku keom sakedap nu bade dongkap( mangga we antos sugan jadi eta ge).
 
Ceuk beja, kiwari ngahipnotis teh lain kucara ditoel wae, tapi lewat telepon atawa sms ge bisa. Kade,lain nyingsieunan ieu mah da enya, sakumaha anu kungsi ditayangkeun salahsahiji tipi sawasta dina acara sentuhan qolbu, aya nu ngaku kungsi dihipnotis lewat telepon. Sok pirajeunan nempo acara eta, lantaran pedaran alus, loba pulunganeunana, implik implikna mah nya kaasup sunat kalampah tea meureun, itung itung cucipanon we isuk isuk, lantaran presenterna matak pogot nu nempo, aya cheche kirani jeung natalie sarah, kaayeunakeun diselang seling ku dewi hughes. Balik deui kanu tadi, anu jadi korban teh wanoja (16 taunan). Hiji mangsa meunang telepon, terus panggih, anehna daek wae tur nurut wae sanajan dikukumahakeun ge, nepikeun kasagala dipasrahkeun, enya ari ngan ukur es bon bon mah moal matak cilaka. Tapi da ieu mah "mustika" nu ngan ukur hiji hijina teh dikukud teu disesakeun pisan, saleuheung mun boga dua, tapi saha jalmana boga nu kitu nepikeun kadua. Bari ngurut dada, hate ngadadak ngilu keuheul " sikasebelan asa kabina bina teuing, boga elmu teh dipake teu uyahan!"
 
Kiwari, hipnotis teh geus jadi tongtonan balarea,da aya acarana ditipi dijadikeun hiburan. Rada reuwas puguh, sabab sakapeung sok pirajeunan nongton oge, cenah najan kaasup hiburan ge, ceuk ustad nu ngaguar masalah eta, hukumna tetep haram, nu nyieunna komo, nu nongtonna oge. Meureun kawas Oma Irama nyaritakeun bujur inul, nu ngageolna komo haram, nu nempona ge kabawakeun. Sakapeung mah sok mikir, naha hipnotis kiwari dijadikeun hiburan, padahal kunu jahat mah boa dipake ide atawa asa diingetan pikeun ngajalankeun kajahatan kujalan ngahipnotis. Sajeroning mikir kitu, disisi jalan kareret dina tatangkalan aya plang ku triplek, sugan teh iklan naon da biasana mah mun teu sedot wc,babby sitter atawa guru ke rumah, tapi geuning iklanna matak ngagebeg, les Hipnotis, kumplit jeung nomer teleponna. Beu atuh beuki hariwang we, lamun hipnotis eta aya kursusna, leuheung mun geus mahir ngan ukur dipake hiburan saperti nu aya ditipi, kumaha mun dipake ngajalankeun kajahatan.
 
Dina guaran eta, aya tips pikeun nangkal supaya teu keuna pangaruh hipnotis, mun nek narima telepon atawa nek muka sms biasakeun maca heula asma Alloh meunang tilu balikan mah. Kumaha mun poho? nya bejakeun we kanu telepon atawa ka nu nga-sms-na wayahna titah nelepon atawa nga-sms sakali deui. Kumaha mun mun ujug ujug aya nu noel ? tah eta mah sidikeun heula jalmana, boa nu noel teh urut popotongan, mun sakirana teu wawuh bales toel deui, dina enyana ge nek ngahipnotis, sugan we ari ditoel deui mah pangaruh sihirna balik deui. Kumaha mun noel deui ? nya bales deui bae. Atuh jadi patoel toel? Keun wae pan mimitina otel, sugan we jadi pacantel. Enya saleuheung mun nu noelna lalaki gandang atawa wanoja demplon, kumaha mun aki-aki atawa nini nini. Rajeun otel jeung nini nini atawa aki aki. Beu! 
SR ( nurutan kang MGT, ngan teu bisa, ngolo deui elmuna ah ka kang MGT) 
 

This message (including any attachments) is only for the use of the person(s) for whom it is intended. It may contain Mattel confidential, proprietary and/or trade secret information. If you are not the intended recipient, you should not copy, distribute or use this information for any purpose, and you should delete this message and inform the sender immediately.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke