WANGSIT PRABU SILIWANGI…. (Urang Kiratakeun!)

Lalakon urang ngan nepi ka poe ieu. Najan dia kabehan ka ngaing pada 
satia, tapi ngaing heunteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu jadi 
balangsak, ngilu rudin bari lapar. 
Dia mudu marilih, pikeun hirup kahareupna, supaya engke jagana 
jembar senang mugih mukti, bisa ngadegkeun deui Padjadjaran. 
Lain Padjadjaran nu kiwari, tapi Padjadjaran anu anyar, nu ngadegna 
digeuingkeun ku obah jaman; 
Pilih: ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, heunteu 
pantes jadi raja amun somah sakabehna lapar bae jeung balangsak. 
Darengekeun:
Nu dek tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul; 
Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka 
beulah kaler; 
Anu dek kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wetan; 
Anu moal milih ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon; 
Darengekeun: 
Dia nu di beulah wetan, masing nyararaho : Kajayaan milu jeung dia; 
nya turunan dia anu engke bakal marentah ka dulur jeung ka batur. 
Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engke bakal aya 
balesna.(Tah ieu teh maksudna ka urang Jawa meureun anu terus2an 
jadi Raja di urang hehehe…)
Jig geura narindak ! 
Dia nu di beulah kulon; papay ku dia lacak Ki Santang ! Sabab 
engkena turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka 
batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan, ka sakabeh nu 
rancage di hatena. 
Engke jaga mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadenge sora 
tutunggulan, tah eta tandana : saturunan dia disambat ku nu dek 
kawin di Lebak Cawene. Ulah sina talangke. Sabab talaga bakal bedah; 
(Tah ieu mah, anu datangna ti Kiblat alias Kulon nyaeta jelema2 anu 
nyarepeng kana agama dina laku lampahna)
Jig, geura narindak ! Tapi ulah ngalieuk ka tukang ! 
Dia nu marisah ka beulah kaler; darengekeun: ! 
Dayeuh ku dia moal kasampak, ngan ukur tegal baladaheun. Turunan 
dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, bakal luhur 
di pangkatna, tapi moal boga kakawasaan. Ariyana engke jaga, bakal 
kaseundeuhan batur. Loba batur tinu anggang, tapi batur nu sarusah 
jeung batur nu nyusahkeun. Sing waspada ! (Maksudna mah urang urang 
luar jawa jigana mah, apanan can aya raja ti luar jaw amah salian 
jadi wapres)
Sakabeh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu 
nu perlu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu 
sarusah, tapi ngan anu hade laku lampahna. Mun ngaing datang moal 
kadeuleu, mun ngaing nyarita moal kadenge. 
Memang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu geus rancage hatena, 
kanu weruh disemu anu saestu, anu ngarti kana wangi nu sajati jeung 
nu surti lanti pikirna, nu hade laku lampahna. 
Mun ngaing datang : teu ngarupa teu nyawara, tapi mere ciri ku 
wawangi. Ti mimiti poe ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit 
dayeuhna, leungit ngarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti 
ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti nu kari, bakal rea nu 
marungkir ! 
Tapi, engke jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya nu laleungit 
kapanggih deui, nya bisa, ngan mapayna kudu make amparan. Tapi anu 
marapayna loba nu arieu aing pangpinterna. Mudu aredan heula. 
Engke bakal rea nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu 
dilarang ku nu disebut Raja Panyelang. Aya nu wani ngorehan terus, 
teu ngahiding ka panglarang ; ngorehan bari ngalawan, ngalawan bari 
seuri, Nya eta budak angon : imahna di birit leuwi, pantona batu 
satangtung, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. 
Ari ngangonna ? 
Lain kebo lain embe, lain meong lain banteng, tapi kalakay jeung 
tutunggul. Iyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. 
Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalakonkeun. Engke mun 
wayah jeung mangsana, baris loba anu kabuka jeung rareang marenta 
dilalakonkeun. Tapi mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang : 
undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban 
jaman, sarua jeung waktu nu nyukma, ngusumah eujeung nitis, laju 
nitis dipinda sukma. 
Darengekeun ! 
Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi ka 
mangsa : " tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo 
dongkol." 
Tah didinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barule 
(Walanda katut Ingris meureun nya?), nu diangon ku jalma jangkung nu 
tutunjuk d alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. 
Kebo bule nyekel bubuntut, turunan urang narik wuluku, ngan narikna 
heunteu karasa sabab murah jaman jeung seubeuh hakan. Ti dinya, 
wuluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir. Tapi 
lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. 
Ti nu laleungit, tambah loba nu kapanggih, tambah loba nu manggihna. 
Tapi loba nu pahili. Nya kabawa nu lain mudu diala. ! 
Turunan urang loba anu heunteu engeuh, yen jaman ganti lalakon ! 
Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngalanteur 
pamuka jalan ; tapi jalan nu kasingsal. 
Nu tutunjuk nyumput jauh ; alun - alu jadi suwung, kebo bule 
kalalabur : laju sampalan nu diranjah monyet ! (para koruptor. 
Bangsat nagara anu marake dasi ngaku2 wakil rahayat meureunan 
maksudna mah….)
Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri heunteu anggeus, sabab 
kaburu : warung beak ku monyet, leuit beak ku monyet, kebon beak ku 
monyet, sawah beak ku monyet, huma di acak-acak ku monyet, cawene 
rareuneuh ku monyet. Sagala-gala diranjah ku monyet. Turunan urang 
sieun ku nu niru - niru monyet. (salian ti para koruptor jigana mah 
kaasup jelema2 anu baroga gelar jeung ijasah palsu!)
"Panarat" dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Wulukuna 
ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. 
Ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari 
nyanyahoanan maresek caturangga. Heunteu arengeuh, yen jaman geus 
ganti deui lalakon. 
Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kaler ngaguruh ngagulugur, 
galudra megarkeun endog. Genjlong saamparan jagat ! 
Ari di urang ? 
Rame ku nu mangpring. Prang - pring sabulu - bulu gading. Monyet 
ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang ; ngamukna teu 
jeung aturan. 
Loba nu paraeh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur ; puguh 
batur, disebut musuh. 
Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu marentah cara nu edan. Nu bingung 
tambah baringung ; barudak satepak jaradi Bapa. Nu ngaramuk tambah 
rosa ; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas di buburak, nu harideung 
disieuh-sieuh. Mani saheng buana urang, sabab nu ngaramuk, heunteu 
beda tina tawon, dipalengpeng keuna sayangna. (Teu jauh tina 
kanyataan di nagara urang ayeuna nya?)
Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih ; nu nyapihna urang 
sabrang. (maksudna mah, Aceh, Timor jeung Maluku meureunan) 
Laju ngajeug deui raja, asalna jalma biasa. Tapi memang titisan 
raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulau dewata. Da 
puguh titisan raja ; raja anyar hese apes ku rogahala ! (Soekarno 
jeung Megawati panginten nya!) 
Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lalakon ; 
Iraha ? 
Heunteu lila, anggeus tembong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku 
bentang caang ngagenclang. 
Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun 
karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran. 
Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta (Gus Dur ieu mah) nu 
ngadegkeun lawag teu meunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang 
ditutup (Gus Dur pan muka panto demokrasi anu ayeuna beuki 
ngarieutkeun rahayat ku lobana pacengkadan), nyieun paneuran di 
tengah jalan. Miara heulang dina caringin Heulang jigana siloka kana 
Amerika, caringin mah teu kedah di sebat pasti aruningalah). 
Da raja buta ! Lain buta duruwiksa, tapi buta heunteu neuleu, buaya 
eujeung ajag, ucing garong eujeung monyet ngorowotan somah nu susah. 
Sakalina aya nu wani ngageuing : nu diporog mah lain satona, tapi 
jelema anu ngelingan
Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui 
nyembah berhala. 
Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan ; da nu 
ngawulukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan : tarate hepe 
sawareh, kembang kapas hapa buahna ; buah pare loba nu asup kana 
aseupan ….. 
Da bonganna, nu ngebonna tukang barohong ; nu tanina ngan wungkul 
jangji ; nu palinteur loba teuing, ngan pinterna kabalinger. (Beas 
karasa mahal pisan apanan kiwari, loba jelema jiga anu pinter tapi 
bodo, leuheung ari bodo alewoh mah. Da ieu mah apanan bodo 
katotoloyoh maksa hayang jadi pamingpin nagara) 
Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung, bari 
nyoren kaneron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, ngelingan ka nu 
paroho. Tapi heunteu diwararo ! (Taya deui anu  jarangotan mah para 
Kiai anu hirupna sederhana, sanes Kiai anu nitah hidup sederhana 
tapi hirup manehna pinuh ku kamewahan)
Da pinterna kabalinger, harayang meunang sorangan. Arinyana teu 
arengeuh, lagit anggeus semu beureum, hasep ngebul tina pirunan. 
Boro-boro dek ngawaro, malah budak nu janggotan, ku ariyana di tewak 
diasupkeun ka pengberokan.(Dituduh teroris apanan hihihihi) Laju 
ariyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun neangan musuh; padahal 
ariyana nyiar-nyiar pimusuheun. Sing waspada ! Sabab engke ariyana, 
bakal nyaram Pajajaran di dongengkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, 
saenyana ariyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. 
Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan 
kebo bule. Ariyana teu nyaraho, yen harita teh jaman geus asup kana 
jaman : Jaman sato. Jaman manusa dikawasaan ku sato! (Ari di urang 
tos kieu asana mah nya? Beurit, Bagong, Kancil, Monyet rabul 
marentah ieu nagara.  Katingali satona teh, rahayat keur kalaparan 
der menta naek gaji, studi banding buntut nalo ka Mesir jst)
Jayana buta - buta heunteu pati lila; tapi, bongan kacida teuing 
nyangsara ka somah, loba somah anu pada ngarep - ngarep caringin 
reuntas di alun-alu. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna 
sorangan. 
Iraha mangsana ? 
Engke mun geus tembong budak angon ! 
Ti dinya loba nu ribut; mimiti ti jero dapur, ti dapur laju 
salembur, ti lembur jadi sanagara ! 
Nu barodo jaradi gelo marantuan nu garelut, di kokolotan ku budak 
buncireung ! 
Matakna garelut ? (Ieu mah jiganan para provokator jeung preman anu 
neangan untung tina enteng)
Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang panglobana; nu teu hawek hayang 
loba; nu boga hak marenta bagianana. 
Ngan anu areling caricing. Ariyana mah ngalalajoan. Tapi kaborerang. 
Nu garelut laju rareureuh. Laju kakara arengeuh kabeh ge taya nu 
meunang bagian. Sabab warisan sakabeh beak, beakna ku nu nyarekel 
gadean. 
Buta - buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun 
ditempuhkeun leungitna nagara. Laju nareangan budak angon, nu 
saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateupan ku 
handeuleum di tihangan ku hanjuang. 
Nareangan budak tumbal, Tapi, 
Sejana dek marenta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, enggeus 
narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah 
ngababakan, parindah ka Lebak Cawene !! 
Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. 
Darengekeun !! 
Jaman bakal ganti deui. Tapi engke, amun gunung Gede anggeus bitu di 
susul ku tujuh gunung. Genjlong deui sajajagat. Urang Sunda 
disasambat, urang Sunda ngahampura. Hade deui sakabehanana. Banguna 
ngahiji deui. Mangsa jaya, jaya deui; sabab Ratu anu anyar, Ratu 
Adil sajati. 
Tapi Ratu saha ? Ti mana asalna eta Ratu ? 
Engke oge dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia eta budak angon ! 
Jig, geura narindak ! (Jigana siloka yen urang kudu balik jeung 
deukeut jeung para kiai, kade lain kiai selebritis. Anu ngadon 
nyingsieunan budak ku filem dina tivi anu dihubung-hubungkeung jeung 
agama. Jadi weh, barudak teh sarieuneun ka cai…)
Tapi, ulah ngalieuk katukang ! 

(Kang Rudi hatur nuhun!)

--- In urangsunda@yahoogroups.com, dede mariana <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Pamingpin nu sifatna 'jalmi' we 
>    
>   wass,
>   dmar
> 
> MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>   Sigana krisis anu nuju kaalaman ku bangsa urang teh,
> nu pang pokona mah nya paktor utamana mah pamingpin.
> Margi sistim budaya urang mah masih nyoko ka
> paternalistik tea. Siga kamari, para pamuda sulawesi
> nyalonkeun Ilham Habibie sabage pupuhu ICMI.
> Kasangtukangna ceuk kuring mah kusabab putra pa
> Habibie. Conto anu jelas mah, nyaeta Ceu Megawati.
> rahayat pan "mengharap banyak" ka putrana proklamator
> ieu. tapi kanyataanana urang sadaya tos pada aruninga.
> 
> Naha pamingpin teh kudu boga "kokocoran" teureuh
> pamingpin atawa bisa dijieun atawa disiapkeun?Enya
> siga sakola STPDN atawa PTIK atawa AKABRI, pan eta teh
> tempat ngagodog para pamingpin. Sok sanajan aya oge
> pamingpin anu lain ti jalur sakola eta. Tapi
> kacindekanana lamun rek jadi pamingpin perlu aya
> persiapan, perlu disiapkeun.
> Siga anu ku kuring ngadenge sorangan ,kumaha pa
> Habibie, bisa jadi siga ayeuna, nya gara-garana teh
> pedah keur waktu kuliah di ITB mirengkeun pidato Bung
> Karno. ti harita sumangetna ngagedur pikeun tolab ilmi
> jang kamaslahatan bangsa.
> 
> Tah ayeuna urang sadaya, urang tos sabaraha taun
> ngumpul di milis KUSnet, tos katingali
> hasilna/prestasi jeung sumanget para anggotana kana
> Kasundaan. Tos teu diragukeun deui. Tah ayeuna urang
> kantun milarian pamingpin urang sunda,  anu tiasa
> mingpin 5 - 10 taun kapayun. Tah kumaha ceuk baraya
> sadaya? Pamingpin siga kumaha anu dipiharep?
> 
> baktos,
> 
> mrachmatrawyani
> 
> 
> 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> http://mail.yahoo.com 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
>     
> ---------------------------------
>   YAHOO! GROUPS LINKS 
> 
>     
>     Visit your group "urangsunda" on the web.
>     
>     To unsubscribe from this group, send an email to:
>  [EMAIL PROTECTED]
>     
>     Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
Service. 
> 
>     
> ---------------------------------
>   
> 
>   
> 
> 
> Send instant messages to your online friends 
http://uk.messenger.yahoo.com
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke