Mairan ah sakedik, mugi2 nambihan pupurieun.

Ceuk sawatara inohong mah ceunah Coca Cola jdd (jeung dulur2na) teh
dipikangewa lain ku barangna tapi ide satukangeunna. Ceuk maranehna
oge produk2 ieu teh siloka ti na ideologi numpuk harta (capitalisme).
Sanajan enya pausahaan2 ieu mere lapangan kerja, merlukeun bahan baku
tapi di sisi lian pausahaan2 ieu maehan usaha2 sejen ku lantaran teu
kuat modal pikeun 'ngalawan'. Antukna loba pausahaan nu paeh nu
ngakibatkeun loba jelma nu robah tina 'sodagar' jadi 'kuli' nu renghap
ranjugna gumantung ka pausahaan2 eta!! Nya ai nu gaduh TNC MNC na mah
langkung mereqis kanjut kundangna atuh!

Aya oge inohong2 nu manghanjakalkeun cara pausahaan ieu neangan pasar
jeung barang. Baheula ieu teh dilakukeun ku ngadatangan langsung make
bedil. Ayeuna? Globalisasi teh ceuk inohong2 ieu mah cenah 'cultural
imperialisme' alias ngajajah pikir! Gombalisasi teh dikampanyeukeun
pikeun ngarobah pola pikir jelema, digiring pikeun mikir yen naon bae
nu datang ti beulah 'kulon' teh leuwih pinunjul. Tujuanna jelas: mun
pola pikir robah, gaya hirup oge robah, beh dituna pola konsumsi
tangtuna robah. Antukna barang2 jieunan maranehna nu tadina teu
diperlukeun oge jadi ujug2 payu. Conto nu pangentengna mah barudak
generasi MTV nu ngadadak jadi perlu meuli sketbor pikeun ngaganti
congklak! Pan kedah meser ti manehna sanes? Atuh tukang congklakna mah
ngegel curuk da manehna moal ujug2 bisa nyieun sketbor lin?  

Tungtungna mah nu ngewa ka pausahaan kieu jadi loba, lain di urang
wungkul tapi di kulon oge siga kitu. Conto nu panggampangna mah nya si
Penguin Linux tea nu digratiskeun pikeun ngancurkeun MikroSop. Boikot?
eta mah salahsahiji cara narik perhatosan we, contona Universitas
Unipersitas Edinburgh di Sekotlan ngalarang Coca Cola dijual di
lingkungan kampusna!

Cag ah nyanggakeun,
Baktos
YI


> Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>   Coca Cola, KFC, McD saleresna ngan saukur "icon" globalisasi da
saleresna mah nu bogana urang Indonesia-indonesia keneh. Atuh bahan
jeung nu digarawena oge urang Indonesia. Di McD sugan aya bule nu
ngaladangan urang dahar. Asa acan ngadangu Amerika ngambek kulantaran
aya nagara nolak restoran KFC atawa Coca Cola. Tapi kuring yakin lamun
nagara  urang nolak meuli tarigu atawa kacang kedele ti Amerika,
Amerika bakal ngadarigdig kadieu, "maksa" kudu meuli produk-produk
pertanian maranehna.
> 
> Coca-cola, KDX, McD simbol Amerika, ari mie instan, tahu jeung tempe
mah lain ........padahal .....heuheuheu ........puguh eta anu kentel
Amerikana mah. Mie nu sok dianggo sarapan ku urang, tariguna ti Amrik,
da diurang mah mana aya sawah "tarigu". Kitu deui tahu sumedang, nu
dipiagul ku kuring nu urang Sumedang, kacang kedelena teh boa .....boa
nu melakna urut presiden Amerika, Carter, nu patani kacang kedele. Pon
kitu deui tempe nu cenah mah dahareun tradisional urang Indonesia.
Ceuk beja, kedele made in Amrik langkung mirah tibatan kedele lokal,
mangkaning mutuna sae. Tukang Tahu di Sumedang tara nganggo kedele
lokal, tahuna kirang sae cenah.
> 
> Janten, percomah ..........ngabaikot Coca Cola, KFC jeung McD mah,
malah nu keuna dulur-dulur urang keneh. Tapi ngabaikot dahar Mie, Tahu
Jeung Tempe oge susah .................... rek dahar naon atuh ari urang?
> 
> Baktos,
> WALUYA





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke