Kang Misan, kitu oge baraya sadayana, nyandung halal ceuk agama mah, kitu 
deui di nagara urang dikengingkeun, ngan aya aturanana, nyaeta UU Perkawinan 
tea nu nyebatkeun kedah aya izin ti istri nu tipayun. Aturan izin ti istri 
nu tipayun, teu aya dina agama mah, ngan panginten unggal Warga Indonesia 
kaiket ku UU/ aturan ieu. Hanjakal pisan sanksina ampir teu aya kanggo anu 
ngalanggar. Jadi aturan ieu teh ukur jadi papaes wungkul, padahal umpama 
sanksina jelas, kasus sapertos anu didongengkeun ku AA Misan, tiasa 
dikirangan.

Tapi ke heula AA Misan, kuring naros heula, ari tuang emang teh, nikah ka 
istri nu kadua teh ngalangkungan KUA henteu? sabab seueur oge anu nganggo 
istilah kawin "siri" atawa kawin "agama". Saleresna upami teu dicatet ku KUA 
mah sanes kawin tapi "kumpul kebo" sapertos urang "kulon", margi nu disebat 
"hidup bersama" di "kulon" teh, hartosna teu dicatet ku nagara.

Ari ngadongengkeun "Lurah nyandung" teh kuring mah emut ka almarhum pun Aki. 
Pun Aki teh tilas lurah "tilu jaman",  jaman Walanda, Jaman Jepang jeung 
jaman republik ( dugi ka taun 1956). Saatosna liren jadi lurah, Pun Aki teh 
sok jadi pananyaan kanu hoyong jadi lurah deui, ti desa-desa di sabudeureun 
lembur kuring. Salah sahiji wejanganana, ka calon lurah, nyaeta 
..............teu meunang nyandung. Ceuk pun Aki lamun lurah geus nyandung, 
eta nunjukkeun manehna geus teu bisa dipercaya deui, sabab batur sakasurna 
wae dihianatan/dibohongan, komo deui ka deungeun-deungeun. Sikep ieu, 
dicepeng pageuh, waktos dulur misan (kapiadi) Pun Aki janten lurah 
(ngagentos Pun Aki), teras nyandung, langsung .............ku pun Aki teh 
dipiwarang liren, ngundurkeun diri. Adi misan Pun Aki teh akhirna ngan 
sataun jadi lurah. Pun Aki ngan gaduh istri saurang, ti taun 1918, nyaeta 
Pun Nini, ngantunkeun di taun 1989, pun nini nyusul di taun 1991.

Terus terang we, kuring tepi ka ayeuna oge, sok ati-ati lamun ngayakeun 
hubungan jeung lalaki nu pamajikanana leuwih ti saurang, komo lamun urusan 
dina "bisnis" mah ............rada palalaur,  sok sieun dibohongan 
...................

Baktos,
WALUYA

> -----Original Message-----
> From: AA misan [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Sent: Wednesday, February 08, 2006 12:36 PM
> To: urangsunda@yahoogroups.com
> Subject: RE: [Urang Sunda] "Sangsara"na Nyandung ..........
>
>
> Rek ulubiung ah pedah eta we geuning teu saeutik nu resep kana masalah 
> 'panyakit' nyandung. Sateuacana atuh punten yeuh ka nu keur nyarandung 
> alias ka nu keur
>  ngarandapan panyakit nu matak nyangsarakeun ieu. Dina rohangan ieu kuring 
> mah ukur rek mere conto fakta alias teu fiktif.
>  Boga emang  (moal disebutkeun timana jeung ngarana mah bisi aya balukarna 
> jeung jadi panyakit keur kuring), alhamdulillah jumeneng keneh nepi ka 
> ayeuna tapi kadieukeuna kalah leuwih ripuh jeung sangsara oge butak 
> mastakana najan pereneh jadi kades . Kieu caritana ; baheula mah (aeh can 
> lila teuing ketah) basa si emang
>  can jadi kapala desa, pamajikan hiji, anak dua sarakola di kota, 
> ngabogaan cita-cita hayang jadi kades jeung proyek kahiji nu dicutat dina 
> agendana teh nyaeta hayang ngaspal jalan desa nu cenah mah ti jaman 
> walanda keneh jalan ieu teh can perenah ngambeu aspal. Alhamdulillah 
> cita-cita si emang laksana pedah pinter ngabako jeung pidato dina unggal 
> rereongan, tapi saanggeus mancen tugas jadi kades agenda kahiji nyaeta 
> ngaspal jalan desa teh taya buktina. Malah  ngadua alias nyandung ka 
> kembang desa ngora keneh pisan nu jadi tatangga tur ngabogaan anak dua. 
> Tos ah dipungkas dugi kadieu ti mimiti si emang dirapalan nu kadua kalina 
> dugi ka kiwari sabab matak butak sirah ngabandunganana.
>  Dina pamilihan kades nu kadua mah si emang  euweuh nu ngalieuk, jigana 
> mah ijideun pedah taya bukti fisik keur desa eta .Kalahkah beak banda keur 
> ongkos kampanye, jalan desa tetep taringgul jeung kahayang si emang 
> nyakolakeun anakna ka paguron luhur teu laksana. Beu karunya eta pun 
> emang, tapi ah bongan saha da polah sorangan . Tetela nyandung teh 
> panyakit nu nyangsarakeun kulawarga sakabeh. Pan dosa badag nu kieu teh, 
> sanes ?
>  Hapunteh garihal pisan babasaan kuring mah pedah keur rada keuheul ka nu 
> ngahalalkeun nyandung padahal nyandung teh (sarerea oge tos uninga) 
> nyangsarakeun masarakat, minimal kulawargana sorangan. Naha nu kieu lain 
> dosa badag? Aeh simkuring oge dosa ketah ngomongkeun batur (baca : nu 
> nyarandung) bari jeung can tangtu aya patula-patalina jeung kuring. Sakali 
> deui hapunten .
>
>  Ki sobat
>  Misan ==
>



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to