Ninggal Serata Ua Sas ngeunaan PElentinan duka Pelengkengan, ennya pisan 
tateh da barudak mani apal nu kitu kuring oge anu asa geus aya umuran suganteh 
mieling poe naon mana horeng mieling rasa kanyaah, ari urang padahal loba 
budaya anu hade tur mannfaat keur kahirupan pikahareupeun, asa ka ingetan 
ayeuna Sasih muharam, ku waktu katukangmah di tempat kuring Lahir (DARMARAJA 
SUMEDANG) Sok aya istilah Mukaraman atawa kuringmah sok nyebut oge ngabungbang, 
jigana barudak ayeuna di lembur geus teu nyaho deui istilah eta. Keru kuring 
leutik sok resep lamun pas waktuna mukaraman di sok dilaksanakeun waktu tanggal 
14 muharam keur caang bulan 14, anu biasana sok diayakeun hajat di Pimpinan 
masyarakat Hiji tokoh Masyarakat anu nyangking elmu adat Kasumedangan, atawa 
Urang Lemburmah Sok nyebut Oge Kadarmarajaan, tapi sapuluh taun katukang sok 
dilaksanakan tur rame eta wae pupuhu ti Kabupaten Sumedang Oge sok Hadir, tapi 
ayeuna teu rame kawas waktu 10 taun katukang. Padahal eta budaya alus
 pisan keur neuleuman elmu adat anu alus pisan tur asak eta wae dina eta 
peuting ceuk sa kaol hiji peuting anu alus keur nurunkeun elmu pangaweruh jampe 
pamake anu kacida hadena, oge pikeun anu geus bisa jeung anu geus rea elmuna 
sok dipake nyipuh elmuna supaya matih deui atawa itung-itung ngapalkeun.
   
  cag heula ahh
   
  Kang Darma ti Darmaraja
   
  Rupina Kang Sam Ridwansyah ----> langkung Apal mangga Kang Sam Bahas Eta 
Mukaraman atanapi anu sok disebat Ngabungbang.
   
   
    
---------------------------------
  



                
---------------------------------
 Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, & more on new 
and used cars.

[Non-text portions of this message have been removed]





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke