Wanita Sunda Antar Benua....
Tempat riung mungpulung, nyangreudkeun tali duduluran, jeung ngabewarakeun
kamaslahatan... Mangga Wilujeng Sumping!!!!

      Blog Propil warga Bewara keur warga Katuangan sunda Lalakon

Sunday, February 26, 2006
Konprensi Akbar Eropa

Inta:
Dinten Jumaah enjing enjing, masih teu acan aya kepastian ti Ophi, janten
henteuna para kontingen kopdar WSAB ranting Eropah teh. Dugi ka kemis wengi,
statusna masih sami nyaeta :



  " Urang ngadua we teh, meh janten kopdarna, rencana bade tabuh 12an ti
Koln, dugi ka Dortelweil tabuh 4 an ".



Duh kumaha ieu? abdi sebagai nyonya rumah pan kedah nyayogikeun susuguh.
Kedah iraha abdi ngawitan nyiapkeun susuguhna? Pami ngantosan berita
kepastian heula, sieun teu kabedag. Pami bade ngawitan disiapkeun, sieun teu
janten kadarieuna.
Tuntungna mah bari Bismillah, abdi ngawitan we nyiapkeun sagala susuguh.
Pami janten sarumping ya Alhamdulilah, pami teu janten nya bade dituang ku
nyalira we, mabok maboklah ku soto sapanci ageung hehehe.

Kahoyong teh nyayogikeun susuguh nu "Sunda banget gitu loh". Hmmm diemut
emut nyuguhan naon nya?. Tungtungna ieu tah menuna..



  Soto Bandung dipilih janten menu utama, ketan bakar
  bumbu oncom sebagai menu pendamping, Asinan Bogor sebagai nu sesegerna,
  ditambih "sesuatu" sebagai "kejutan" kangge para peserta kopdar.



Ngawitan teh ngaracik bumbu Asinan, mersihan sareng motongan Sawi
Asin,Bonteng,toge sareng Ganas. Tos rengse Asinan diracik, teras majeng kana
raracik pi soto-eun. Soto beres, ayeuna kantun ngeueum beas ketan kanggo
Ketan Bakar. Sambel oncom kaleresan gaduh keneh di freezzer. Tos beres
sadaya, Dug we abdi bobo. Sabtu subuh subuh (eh tabuh 6 subuh keneh pan
nya?) aya Offline message di YM, eusina kieu




  Nyi Ophi: teh kalo ngga jam 4 kita nyampenya jam 5 yah hihihii
  Nyi Ophi: ada bonus 1, si kasep ngiring hehehehe
  Nyi Ophi: *Icon malu malu Kucing*
  Abdi: kasep numana??
  Abdi: ngke sms nya kamu brangkatna jam braha
  Nyi Ophi: iyah teh
  Nyi Ophi: kasep sayah hehehehe
  Nyi Ophi: berhasil membujuk soalnya pan plgnya malam pisan
  Nyi Ophi: kudu aya lalaki
  nyi Ophi: hihihi
  Abdi: hebaaaaatttt *bari keprok, bari tatanya dina jero hate, jurus naon
nu
  dianggo ku Ophi dugi ka MB-na teh janten ngiring?*




Enjing enjing abdi, punlanceuk, punanak, sareng pun alo angkat heula jalan
jalan
jalan. Dinten eta teh cuaca teh asa teu pararuguh, meusmeus panas, meumeus
mendung. Rada hariweuweus oge kumaha pami hujan??? Ah wae ketang hujan mah
da diluar, bumi abdi mah Insya Allah moal bocor hehehe. Tabuh 12.24 aya SMS
ti Nyi Ophi eusina kieu
Ummi kt brangkat jam 12.22 nyampe jam 16.01, nantikan kedatangan kamih
hihihi.

Alhamdulilah...Insya Allah jadi oge euy kopdar teh.... cihuuuuyyy

Kasontenakeun hujan miripis di kampung abdi. Ayah nawisan "Mi ntar kita
jemput aja temen2 kamu teh. Kursi Irsyad dicopot dulu, Irsyad tunggu dirumah
aja sama Dita, atau kalau mau ikut ya dipangku aja sementara kan deket
ini".Okeeyyy...nuhun Ayah....
Sing horeng pas prakna mah Irsyad asik ameng sareng Ayahna, janten Abdi
sareng Dita we mapah ngajemput rombongan tagoni eh rombongan peserta
konprensi :D

Dugi ka Stasiun, tepang we para peserta konferensi WSAB teh, nu ngawitana
sok tepang di "dunia Maya" ayeuna mah tepang secara "live". Duh Bungah
pisan. Langsung cupiki cupika. Langsung recet :P Komentar Ophi:

"Ih si teteh geuningan leutik, ribut2 hayang diet teh sugan teh gede galabak
pek teh leutik kieu"


Halah si Ophi sigana lapar pisan tah dugi ka socana rada rabun hehehe atuda
maenya abdi galabag kieu disebat leutik :-( Nyi Intan mah seura seuri we,
sigana reuwas tah ningali saya saingan bawelna sareng Ophi heuheuheu.

Sabot rarecet teh para wanita sunda, dipengkereun aya nu Kasep nuju seura
seuri imut. Eta teh MB-na Ophi. Seserengehan panginten ngabatin kieu nya



  "hmmm penderitaan saya sudah dimulai"



hehehehe Dasarnya ari mantan fotomodel mah, di stasiun keneh urang teh
difoto heula, teu paduli hujan teu paduli batur nu molongo teu ngartieun
obrolan urang hihihi. Saha deui nu motret, tangtos MB atuh. Nuhunnya MB.

cut, dipotong wae da seueur teuing...:)

----- Original Message -----
From: "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Cc: <[email protected]>; <[email protected]>;
<[EMAIL PROTECTED]>; <[EMAIL PROTECTED]>;
<[EMAIL PROTECTED]>; <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Wednesday, March 01, 2006 2:43 PM
Subject: [Urang Sunda] Wanita Sunda Antar Benua + Rencana Kopdar US di Sby





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke