Punten ka Abah Asep, upami "panggeuing" ti kuring teu raos kana manah.
Ari kuring mah, sanes ngamasalahkeun kecap "halik siahna", tapi motif sareng dampak ku nyerat "halik siah". anu katingali ku kuring, dina masalah ieu nyaeta, (1)teu asak pikir; padahal pan dina urusan serat sinerat ieu, masih aya kasempetan 'dibeuweung diutahkeun' heula, naha kira-kirana merenah atawa heunteu, aya mangpaat atawa heunteu keur balarea, milis ieu teh dibaca ku baraya US sa alam dunya. dina "hukum media", sakali pesen tos diembarkeun (=diinformasikeun) di internet, teu tiasa dicabut deui. (2)Ngamomorekeun media;Mang Jamal kantos "ngageuingkeun" ka baraya KUSnet, anu mostingkeun embaran ngan sakecap dua kecap, bari jeung teu puguh eusi sareng konteksna. Teu sadaya baraya US gaduh akses ka internet. Ceuk Kang Maman Gantra mah,internet teh pikeun sabagean gede masyarakat US, masih jadi barang anu "mewah". Sok sanajan pikeun anu gampil ngakses internet, teu aya larangan rek mostingkeun naon wae, tapi tetep kedah aya rasa tanggung jawab dina hal eusi anu bade dipostingkeun. Milis urangsunda pan gaduh visi sareng misina. Jadi satiasa-tiasa mah atuh urang teh dina mostingkeun embaran, "mendekati" visi sareng misi eta. baktos, mrachmatrawyani --- abah kasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > hapunten..haopunten > sanes kitu maksad abdi teh... > "halik siah" teh 'nerangkeun gambar anu > dikirim.... sanes "halik siah" ka anggota milis US > ieu.... > "halik siah" teh maksadna (mun ningali gambar > eta)... si Emang Sam .... rek mereskeun hiji nagara > anu "sok popolontong" (vesri emang Sam-na).. __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

