AndhikaY<[EMAIL PROTECTED]>menulis
Haturan sdrk WP Susanto,wilujeng sumping di Babakan Kusnet eta mani tebih kitu ti Texas. Tos sabaraha lami ngumbara di manca nagara ? Tos damel atanapi neraskeun belajar ?
Resep panginten nya di nagara Deungeun mah,upami mulih papadon pang nyandakeun Enon Bule,honyong memperbaiki keturunan????
He..he..he...
Rupina moal nunggelis di pangumbaraan saparantos bergabung sareng
pala wargi katut baraya KUSNET sadunya,tangtos tiasa riung mungpulung sareng kasepuhan ,para inohong,sakumna Tatar Sunda.
Omat wartosan mamanawian aya lowongan pakulian kanggo simkuring
hoyong pisan atuh kaluar nagreg teh.Ha...ha...ha.....
Mung panginten teu tiasa cas cis cus
nyariosna,waktos nongton TV cacakan murangkalihna Bule tos palinter nyarios Enggris komo deui panginten sepuhna nya ?????
Cag ah......cekap dugi kadieu sanes waktos di teraskeun......
Andhika Y![]()
wpsusanto <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Nepangkeun abdi nembe janten member di ieu milis, upami ningali nami
abdi sapertos Jawa , margi nami ieu kenging ti pihak suami. Bungah
pisan tiasa mendak milis sunda sapertos kieu, margi di dieu (Texas)
da pami nyarios sareng rerencangan ti Sunda oge mani asa sapertos
dulur.
Ngaos berita atanapi carios pernikahan di Indonesia, naha mani seeur
perkawis rumahtangga anu awet rajet, anu disebabkeun ku pihak
ketiga, utamana isteri (gadis anom), anu kersa bae nikah siri
sareng pameget anu tos gaduh kulawargi. alesannana pasti dasarna
cinta, tapi tetep bae geuning saatos nikah siri teh gaduh tuntutan
sanes-sanes saperti saleresna isteri pertama. Padahal mah nikah siri
teh teu keudah rundingan sareng isteri pertama, da prung bae
nararikah , mani gampil, sareng anehna kulawargi ti pihak gadis
malih kadang nyatujuan pisan, ngabantos supaya nikah siri teh tiasa
terlaksana. Dalihna daripada berzinah.
Kumaha atuh-nya eta nurani para kulawargi anu menikahkan siri teh,
naha teu ngemut ka duka derita isteri pameget eta sareng putra-
putrana ? Sanes ku masalah harta semata pan ari ngalalana di dunya
teh, apan kebahagian rumahtangga abadi teh cita-cita para isteri
waktos ijab kabul kapungkur teh ...?
Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

