Bapak Dosen MJ, "menak" the siga gelar universitas ayeuna wae tiasa dipeser nya?...heheh
Bah Willy nyaan meuni reueus abdi mah kana sajarah Sunda teh, Abah mah apal pisan. Aya besluit alias SKna sagala geuning nembe terang abdi mah...nuhun pisan pedaranana. 
Leres Kang Tusman nu namina dijajah mah dimana-mana ge sangsara, tapi angger we dugi kaayeuna nagara urang teh dijajah sanaos sanes perang nyaan...contona : dijajah ku hutang ti nagara batur... heheh. 
 
ros
 
>>> [EMAIL PROTECTED] 04/03/06 01:30PM >>>
Sanes pinter tapi aya bangsa urang nu kakademes, kajeun bangsa sorangan nu
sangsara ku deungeun asal sorangan buncir, dalah dikumaha oge nu ngaran
dijajah mah anggeur sangsara. Aya babaturan ceuk ninina jaman penjajahan mah
senang cenah teu kawas ayeuna, ceuk manehna senang!! ceuk nini jeung bapak
simkuring mah ceunah ulah kaalaman deui ku anak incu kasangsaraan di jajah
the...

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, April 03, 2006 12:12 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Re: Ruwat Sunda

Teh, Walanda baheula waktu ngajajah urang pinter pisan. Maranehna teu
ngarobah sistem, tapi sistem anu aya ku maranehna diadopsi. Waktu
Priangan "dipasihkeun" ka Walanda ku Mataram, para pangawasa di
Priangan teu dipecatan ku Walanda, asal ulah barontak we. Jadi ngan
saukur robah dunungan, tadina "ngawula" ka Mataram ayeuna ka Walanda.

Tah eta salah sahiji nu matak Walanda bisa ngajajah 350 taun teh......


Baktos,
WALUYA 




>>> [EMAIL PROTECTED] 04/03/06 11:57AM >>>

enya eta teh. jaman kolo nial, aya cenah bumiputra nu kitu, dipasihan gelar menak ku walanda amalah aya oge nu dugi ka meser. duka atuh teu terang.

tapi di inggris, jelema nu gede jasana ka lemah cai dina widang naon oge, sok dipasihan gelar ku ratu. biasanya Sir tea. ka Sir atawa si Sir sugan. heuheu



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke