Duh, Cep Dudi...ntong atuh
etamah heureuy! Pun Nini mah sok ngadamel Kuah Meong soteh jaman kapungkur pisan
alias jaman Walanda keneh kapungkur mah teu acan aya pecin...kadieunakeun aya
pecin, ditambihan ku pecin. Ieu mah pami bade emam teu aya nanaon mung aya sayur
herang wungkul, pun biang the sok miwarang emam bari gumujeng,"Geura dahar jeung
Kuah Meong!...heheh".
Gaduh artos mah kedah barang tuang nu leres,
pami tiasa mah 4 sehat 5 sampurna tea...kanggo naon artos mucekil, ari awak
leuleus meuyeu? Ceuceu mah alim pedah aya resep Kuah Meong, hayoh baraya US
narurutan. Ke aya di Kompas Jawa Barat," Beberapa Warga Kusnet Terkena Busung
Lapar"... deudeuh teuing...hihih.
cr
>>> [EMAIL PROTECTED] 04/18/06 10:47AM >>> eta si euceu iklanna meni murudul he he he he...
abdi mah kabongroy ku "kuah meong" sabab anak kos! pas nya? lumayan ngirit
pisan sekali amat nya? ngan edas si euceu mah, piraku abdiw disamikeun sareng
ucing he he he he... ceu, moal nanaon kitu mun unggal neda ngangge eta? :D
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Re: [Urang Sunda] naroskeun resep Roro Rohmah
- RE: [Urang Sunda] naroskeun resep Emod Morales
- RE: [Urang Sunda] naroskeun resep tia kecil
- Re: [Urang Sunda] naroskeun resep ndoell
- Re: [Urang Sunda] naroskeun resep ~~+wildan thoyib+~~
- RE: [Urang Sunda] naroskeun resep Aj Kusnet