Euleuh Gusti!
dina Meng Bal ge aya KKN? Nembe
terang abdi mah
.paingan atuh eleh wae
Sanaos abdi teu patos resep, eh teu resep kanu namina meng bal pang2namah teu ngartos heheh. Abdi mah ngadukung pisan ka Persib teh kumaha carana supados teu kawon wae alias kedah kenging sateterasna. Tapi siganamah moal tiasa nya? Da naminage olahragi (basa lemesna olah raga kitu? Hihih ) pasti aya nu meunang aya nu eleh. Kunaon sababna? Nya ari Persib-namah teu
kukumaha, tapi bobotohna eta
.
Pami sonten keneh nuju di kantor ngadangu Persib eleh, bagian personalia omat-omatan,Awas pulangnya hati2 Persib kalah!. Euuh meuni sok seber ningalina ge Pulisi dimana-mana komo di caket Stadion Siliwangi mah (pami kaleresan maen di Bandung). Bank BTN nu di jl. Jawa ditutupan kaca2na, toko2 mah puguh deui .da sieun dibaledogan... Mobil2 ditumpakan raramean nepi ka dengdek, motor2 digerung2 ditarikeun jalanna bari ngacung2keun panangan jaba teu ngaranggo helem. Klakson mah puguh deui, meuni matak torek cepil. Libas! ceuk si Emak tea mah dina sinetron Oneng heheh. Hiji poe abdi nembe uih ti kantor kaleresan
masih keneh na angkot ningali aya rombongan bobotoh ngajugjug arah Soreang. Di
sisi jalan aya 3 wanoja nuju parapah, 1 pamuda lungsur tina motor, teu angin teu
hujan
ujug2 nyepeng ku dua panangan (punten) susu salah sahiji wanoja, atuh
puguh jejeritan! Ih, pikasebeleun pisan!
Kumaha atuh sangkan Persib teu kawon wae? Sareng
eta bobotohna atuh ditertibkeun meh teu ngadamel kaributan nu
pikasebeleun
.????
cr
>>> [EMAIL PROTECTED] 04/20/06 09:58AM >>> Dear,
Persib,,,, eleh..??? atawa bola indonesia mun
diadu jeung nagara batur sok eleh..?? naon sababna?? gampil lah... eta mah
jawabna teh.. sabab atlit bangsa urang teh kalobaan nu "titipan"... sok
tanyakeun mun teu "titipan" nya "sogokan" ... numatak mereun teu aya cambuk keur
ngadeug keun sumanget.. kusabab nya eta tadi ti bangsa tos "tajir" tea...
mun di nagara batur diteang atlit teh kapolosok2 ... siga "edgar david" di
belanda tea, "didier drogba" jeung sajabina... tah.. kusabab tadi tea titip
jeung sogok performance atlit urang jadi wae morosot.. ditambah deui
komisina kurang da dilebok ku nu garede tea.. numatak loba nu hariber ka nagara
batur.. cabang bulutangkis tea contohna.... geus ah janten ngalantur
kamana2
Wassalam
HrD PT Rals. Tbk. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|