Kang SR, waktu kuring jeung pamajikan ningalian mobil urut di sababraha
showroom nu jualan mobil urut di daerah Ciateul - Kebon Kalapa Bandung,
si Engkoh jeung pagawena teh, nyebut Pa Haji ka kuring jeung Bu Haji ka
Pamajikan. Mani rebeh irung teh ..... ngan rada kuram-kireum, da puguh
acan naek haji. Pindah ka showroom gigireunana, angger kuring teh
disebut Pa Haji. Kitu deui waktu pindah ka showroom nu sejenna. Sigana
teh sadayana kompak ngalantik kuring jadi "Haji".  Jadi
mikir .....kunaon si Engkoh teh nyebut Pa Haji, padahal kuring teu make
sorban atawa dikopeah bodas. Ngareret ka pamajikan ......ah ieu
jawabanana, pamajikan kuring dikurudung. Dasar nu dagang ..... hayang
laku daganganana.

Baktos,
WALUYA

--- In [email protected], "syam ridwan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Sapagodos sareng siabah, heureuy kuring dina keom sakedap ( cenah keur
> diedit) ge diselapan






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke