Haturan kang Emod,
 
Rupinamah maksad pun aki (aki ti gigir) teu waras teh sanes maksadna ka kakandungan (pabinihan), tapi ku panyawat kajiwaan kulantaran tekenan ti carogena, bakating pun aki teh keuheul ka pameget nu hoyong ngawayuh, komo bari nyariosna da istri kahijina ikhlas ceunah.., anjeunamah teu percanten aya istri nu ikhlas di wayuh, sanaos teu tiasa masihan murangkalih oge, da rakana pun aki oge aya nu teu gaduh murangkalih, tapi dugi ka pupusna awet we.., teu nikah deui, karunyaeun ka istrina, teu tegaeun, teras akhirna ngukut murangkalih ti saderek misanna nu ngawayuh.., da seueur teuing murangkalihna aya 25, teu ka urus meureunan. Tiasa oge mandul teh pan sanes ti pihak istri (sanaos biasana istri), pami enya teh.., hayoh we meureun nikah deui nikah deui.., tapi tetep teu tiasa gaduh murangkalih keneh, kumaha tah???..., lieur we meureun nu aya...he..he.he.., kumaha pami ngadopsi wae tibatan nikah deui?? komo ayeunamah mani pabalatak pisan murangkalih uruskeuneun, kirang gizi, teu tiasa sakola, orok nu dipiceun ku sepuhna jrrd...
 
Baktos,
Maria
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, May 02, 2006 1:16 AM
Subject: [Norton AntiSpam] Balasan:[Urang Sunda] Nyandung massal euy!

Sok sanajan ganjaranana surga keur awewe anu ikhlas dicandung, tapi tetep we dina hate awewe mah lolobana embungeun dicandung. Jadi masih aya saeutik awewe anu iklas dicandung ngahareupkeun surga.
 
Ke...ke...ke.. nu dimaksud Neng Maria, awewe anu teu normal atawa kirang waras teh, kirang waras kandungannana (pabinihan) meureun nya, sanes kirang waras nu sanesna....?
 
Sabab aya awewe anu ikhlas dicandung kulantaran teu bisa mere katurunan alias mandul...! Pan salah sahiji tujuan lakirabi teh boga katurunan...!
 
Emod



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke