Tadina enya teu percaya sacongo buuk yen bandung teh siga kitu, da ari
kaparengan ka bdg ge tara nyidik nyidik nukitu. Tapi kamari basa melong na tipi,
eta gundukan runtah, dimana mendi, nu anehna mobil dinas kebersihan kota miceun
runtahna teh oge kadinya, padahal dina bakna ngajeblag"jagalah kebersihan".Beu!
Biasana gundukan runtah nu teu diurus salian ti ngondang laleur, aro
jeung bilatung oge ngondang pemulung. Pemulung riab terus nyarieun gubuk gubuk
liar pagigir gigir jeung nu jarualan rongsokan, tralis urut jeung kusen
urut. Antukna beungeut kota jadi sareukseuk,rudet, caludih, dekil, encan deui
lamun eta para pemulung teh nyieun komunitas saperti komunitas masarakat miskin
kota, aya nu nyundutan, ngabring ka gedong dpr, demo hayang dibere subsidi bbm.
Nya beuki lieur we, ngurus runtah ge sakitu ripuhna katambah kudu ngurus jelema
anu teu puguh dumukna tur teu puguh jebulna. Teu dicaturkeun deui ari ngurus bal
mah da sok keok wae.
Baheula bdg lautan api, can lila bdg lautan asmara, kiwari bdg lautan
runtah, ceuk nu rahul mun eta runtah diantep wae lila lila jalan ti bdg ka
lembangkeun moal nanjak lantaran bdgna bakal ngaluhuran ku runtah. Masalah
runtah moal tuntas ngan ukur ku ngurut dada, loba pisan jalan nubisa
dileukeunan nya timimiti ti kasadaran pangeusi kota yen miceun runtah
sambarangan kaasup kabiaasaan goreng, atuh pamarentahna dihangkeutkeun nyieun
tpa anu ramah lingkungan, ngan kahade urang bdg tong boga pikiran hayang nyieun
tpa diwewengkon smd, sanajan enya smd teh adibeuteungna bdg.
sr
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Re: [Urang Sunda] Bandung harusnya mendapat Piala eSeR